Banyolan Sunda: carita lucu sunda
Showing posts with label carita lucu sunda. Show all posts
Showing posts with label carita lucu sunda. Show all posts

Monday, 2 September 2024

Pamajikan Orowodol Suganmah - Banyolan Sunda Terbaru

dihiji walungan ngarana walungan citiis diwewengkon kacamatan arjasari, harita ceu edoh keur nyeuseuhan loba pisan, pas geus wanci sareupnateh karak beres, pas rek ngajungjungkeun wadah seuseuhan manehna ninggali lauk emas kokocepatan luhur batu, ceu edoh ngagerentes aduh karunya teuing eta lauk engap engapan kitu, atuh tuluy we eta lauk teh di cokot, maksudnamah rek di asupkeun ka walungan, ngan memeh diasupkeun eta lauk teh ngomong...


Lauk Ajaib : euceu, kusabab euceu geus nulungan kuring ayeuna euceu ku kuring dibere 3 pamenta jeung bakal langsung diijabah.
Ceu edoh : alah maenya ah, bener kitu etateh.??
Lauk Ajaib : bener pisan ceu, ngan lamun euceu boga pamenta salaki euceu bakal sarua meunang pamenta eta malahan meunangna 10x lipat.

Ceu edoh : enya lah teu nanaon, kuring mah menta hayang jadi jelema panggeulisna sa bandung.
Lauk Ajaib : siap ceu ngan salaki euceu bakal 10x lipat leuwih kasep pisan, bae.?
Ceu edoh : bae lah teu nanaon...
Lauk ajaib : Simsalabim..!!! harita keneh ceu edoh jadi jalma panggeulisna sabandung. sok ayeuna pamenta anu kadua naon ceu...

Ceu edoh : hayang jati jutawan euceumah...
Lauk ajaib : lamun euceu jadi jutawan berarti ke salaki euceu bakal jadi trilyuner, ke kumaha mun kawin deui.??
Ceu edoh : ah teu nanaon da harta salaki abdi ge pasti jadi harta abdi atuh.
Lauk Ajaib : Simsalabim.!!! harita keneh ceu edoh jadi reunceum ku emas, duit loba mang koper koper...sok ceu ayeuna pamenta nu katilu naon.???

Ceu edoh : ehmmmm abdi mah menta serangan jantung ringan we...

Tah matak, ka para bapak bapak, akang akang anu tos gaduh bojo, omat eta bojo teh ulah dipiwarang nyeuseuh ka walungan, bahaya. Tos weh mending ge pang meserkeun mesin cuci. 

1. Mesin Cuci 2 Tabung 7kg Sakura harga -+ 1,5 juta. Tiasa di peser di TOKO PRIMA ELEKTRONIK Banjaran. Jl Raya Banjaran Barat no 120.  Tenang.... tiasa cash atawa kredit 😁😁😁😁

Ulah hilap meh pinter baca oge INSPIRASI USAHA TERBARU anu terakhir kangge ngajagi kasehatan urang tina cocoan reungit dbd tiasa ngahubungi JASA FOGGING NYAMUK

Friday, 23 August 2024

Kudu Dipikir Heula Jeung Kudu Ati Ati Mun Ngomong Ka Pamajikan - Banyolan Sunda

Banyolan sunda lucu banget

hiji peuting dikamar hiji pasangan salaki pamajikan keur ngobrol ngaler ngidul, mun bahasa keren namah memnyamakan visi dan misi untuk masa depan. pamajikanna anu pertama muka piobroleun teh,

pamajikan : lain bapa nya alhamdulillah urang mah budak geus 3 dipapairn rezeki teh meni sakieu lobana, mobil aya 4, imah gede pisan, tabungan aya.
Salaki : enya mah kudu disyukuran we pan rezeki mah boh gede boh leutik sarua wae lamun ku urang teu disyukuri mah moal nambahan.

Pamajikan : papih kumaha mun mamih maot, kira kira bapa rek kawin deui moal.?
Salaki : nya kumaha deui atuh sayang apanan budak urang teh 3 laleutik keneh, terus meureun bapa ge kudu aya nu ngawulaan memeh indit ka kantor, pangpangnamah barudak nu kudu perhatian ti nu jadi indung.
Pamajikan : terus engke lamun papih boga pamakijan deui cicingna di imah nu ieu nu gede ieu pih.
Salaki : nya didieu atuh mih keur naon kudu meuli deui imah, kahambur hambur duit, mubazir atuh ieu imah ke teu kaurus.

Pamajikan : terus ke mandina dina wc nu ieu deuih pih, sarena dikamar nu ieu deui nu ayeuna ku urang di pake sare.???

Salaki : ih nya enya atuh mih maenya dititah mandi di kamar pembantu lebar atuh mubazir keh.
Pamajikan : terus terus ke baju mamih, sapatu mamih , perhiasan mamih dipake ku pamajikan papih anu anyar pih.?

Salaki : lamun perhiasanmah nya di pake we atuh mih, tapi lamun baju jeung sapatu mah moal.
Pamajikan : naha ari perhiasan dipake, ari sapatu jeung baju moal dipake.?
salaki : atuda apan mamih mah gendut da itu mah langsing ukuran sapatu na ge leutik, no 37 ge harita papih mangmeulikeun logor, apan mamih mah ukuran sapatu ge 40.@#$%^%$#@! ups kaceplosan euy.
Pamajikan : papiiiih#@$%!&**(##@@

Monday, 27 November 2017

Nyepeng Cing Pageuh - Banyolan Sunda Terbaru 2018



hiji waktu mang wawan rek nganteurkeun nini na anu gering ka puskesmas arjasari, harita teh naek motor, mang wawan ngomong... nini omat nya muntang na cing pageuh, nyepengana ulah laun kudu pageuh bisi labuh..

nini : enya jang ieu ge geus pageuh...
wawan : kudu pageuh pisan nini nyepengna, bisi labuh. mun lieur ngomong.
nini : menggeus ujang ieu ge geus pageuh muntang mah..
Wawan : nya atuh ari geus pageuh mah, (harita wawan nga gas motorna lalaunan) karek meureun maju sameter mah aya sora "buuug". wawan langsung ngalieuk, pas ditempo nini na geus nyangkeroh na taneuh. wawan kaget pisan terus nanya...

Wawan : aduh nini tuh labuh pan, pan tadi ge cek abdi muntang cing pageuh..
Nini : heueuh pan tatadi ge geus muntang pageuh pisan...
Wawan : maenya ah muntang pageuh gening labuh...
nini : ih na ujang meni teu percaya, geus muntang na ge kudua leungeun, pageuh pisan..
Wawan : ari nini muntangna kanu naon.? kanu behel motor.??
nini : lain jang...kanu pager....
Wawan :@#!@#$^%^^$$

Wednesday, 1 November 2017

Wasiat Bapa Samemeh Maot - Heureuy Sunda


Dihiji lembur Aya salah Saurang bapa keur sakarat, barudakna Kabeh ngarumpul, iwal hiji deui Nu can datang teh, si bungsu anu ngumbara ka Jakarta.
Manehna ngomong ka anak anaknya, anu panggeulisna di geroan teh si cikal...
Bapa : Jang kadieu bapa rek wasiat..
Ujang : muhun Pk mangga ku Ujang diregepkeun.
Bapa : Jang omat eta tangkal albasiah anu gede anu tukangeun Imah tong di jual.
Ujang : muhun Pk,
Bapa : terus tanah anu hareupeun Imah ieu anu 50 tumbak eta tong dijual Oge nya.
Ujang : muhun pk.
Bapa : terus eta tangkal jengkol gigireun Imah tong dijual nya.
Ujang : muhun bapa. Tapi naha bet tong dijual sadaya Pk.??
Bapa : soalna Kabeh ge Nu Batur. Lain mu bapa...
Ujang : @#$&@($)$-@&@@##

Saturday, 21 October 2017

SUPIR TAXI JEUNG TURIS JEPANG | BANYOLAN SUNDA

Kacaritakeun jang asep teh geus lila jadi supir taxi bluebird di bandung, pas manehna keur nongkrong di alun alun bandung manehna meunang telpon ti Pool Taxi Bandung sangkan Miang Ka Hotel Savoy Homan, Kusabab aya order ti Turis jepang, harita waktu teh geus aya sekitar jam 6 sore maju ka maghrib.

Sanggeus nepi Hotel Savoy Homan eta Turis Jepang teh jug asup we kana taxi bari ngomong bahasa sunda nu rada balelol. maklum cenah geus rada lila cicing di garut keur penelitian domba garut, naha cenah domba garut bet kasohor, naha cenah di garut loba kulit, dorokdok kulit garut anu renyah, jaket kulit, naha bener eta jaket kulit teh tina kulit domba, atawa tina kulit nini nini..wkwkwkw

Sanggeus kaluar ti palataran hotel,
kang asep nanya : mau kemana ini teh mister,
Turis Jepang : saya hayang kukurilingan di bandung sok we kamana ge terserah, di carter lah.
Kang Asep : siap Mister, ayeuna urang lewat ka tegalega nya, didinya aya tugu bandung lautan api.
Turis Jepang : ok siap.

Sanggeus Nepi ka Tugu bandung Lautan Api eta Jepang tea nanya ka kang asep ...
Turis Jepang : Kira kira sabaraha lila ngabangun ieu Tugu Bandung Lautan Api.
Kang Asep ngajawab bari di reka reka : ieu teh ngabanguna 2 tahun mister...
Turis Jepang : wow naha meni lila lila teuing di jepang mah ngabangun tugu model kieu mah paling ukur satahun. (kang asep jempe dikitukeunmah) terus harita mobil maju deui nepi ka jembatan pasupati... eta turis jepang nanya deui...

Turis Jepang : mang ieu jembatan naon ngarana, meni alus..
Kang Asep : Jembatan Pasupati mister, Pasteur Surapati....
Turis Jepang : sabaraha lila nyieuna mang.??
Kang Asep : (bari mikir heula sieun kajadian model tadi)... sataun mister.
Turis Jepang : walah Naha meni lila lila teuing, lamun di jepang mah ngabangun jembatan kieu ukur 5 bulan ge beres.

Kang Asep mimiti kesel, kamana deui mister ayeuna.???, turis jepang ngajak balik ka hotel, antukan asep neangan jalan anu kira kira deukeut ka hotel, pas ngalewat gedung sate eta turis jepang teh kacida pisan heranna sabab aya bangunan anu gede mirip bangunan di paris. terus nanya ka si kang asep.

Turis Jepang : mang ieu bangunan naon ngarana.?
Kang Asep : bangunan mana mister.???
Turis Jepang : itu mang yang besar ituh....
Kang Asep Rada Action siga nu reuwas : aduhhhh bangunan naon nya eta, teu terang mister abdimah soalna da kamari sore abdi ngaliwat kadieu can aya eta bangunan mah.... nyaan hebat ayeuna mah euy bandung, ngabangun gedung gede ge teu sapoe poe acan.
Turis Jepang jiga nu lieureun : @#!@#$$%^&^%$#@

Gara Gara Salaki Pamajikan Pasea - Banyolan Sunda Lucu 2017

Salaki Pamajikan pasea hog hag, teu apal anu dipaseakeunamah teung pedah parebut remot tivi, biasa apanan salaki hayang lalajo persib pamajikan hayang lalajo sinetron terbaru di RCTI Pura Pura haji. duka pedah nyieun angeun lodeh asin teuing, pokonamah pasea weh.

sarenage patonggong tonggong nu hiji malik kana tembok nu hiji deui kana jandela, beda pan lamun pangantenmah anyarmah sare patonggong tonggong na ge, nu salaki nonggongan lalangit, pamajikan nonggongan dipan. wkwkwkwkwk

kusabab salakina isuk kudu gawe jam 7 isuk isuk atuh eta si salaki teh nulis we na keretas "Neng Gugahkeun Aa Jam 6 Nya..." pas isuk isuk aya nu karasa panas kana dada eta lalaki teh soalna manehna sare nyingareup jandela anu gordengna geus muka, gebeg atuh reuwas, barang ninggali jam geus jam 9.15 atuh nyel teh ambek, ngan pas rek cengkat, aya keretas sacewir dina deukeut bantal anu tulisana teh kieu " aa...aa..gera gugah ih tos jam 6, bisi kasiangan"......@#%^^&&%$#@!###$

Gara Gara Salaki Pamajikan Pasea - Banyolan Sunda Lucu 2017