Banyolan Sunda: carpon sunda lucu
Showing posts with label carpon sunda lucu. Show all posts
Showing posts with label carpon sunda lucu. Show all posts

Friday, 23 August 2024

Kudu Dipikir Heula Jeung Kudu Ati Ati Mun Ngomong Ka Pamajikan - Banyolan Sunda

Banyolan sunda lucu banget

hiji peuting dikamar hiji pasangan salaki pamajikan keur ngobrol ngaler ngidul, mun bahasa keren namah memnyamakan visi dan misi untuk masa depan. pamajikanna anu pertama muka piobroleun teh,

pamajikan : lain bapa nya alhamdulillah urang mah budak geus 3 dipapairn rezeki teh meni sakieu lobana, mobil aya 4, imah gede pisan, tabungan aya.
Salaki : enya mah kudu disyukuran we pan rezeki mah boh gede boh leutik sarua wae lamun ku urang teu disyukuri mah moal nambahan.

Pamajikan : papih kumaha mun mamih maot, kira kira bapa rek kawin deui moal.?
Salaki : nya kumaha deui atuh sayang apanan budak urang teh 3 laleutik keneh, terus meureun bapa ge kudu aya nu ngawulaan memeh indit ka kantor, pangpangnamah barudak nu kudu perhatian ti nu jadi indung.
Pamajikan : terus engke lamun papih boga pamakijan deui cicingna di imah nu ieu nu gede ieu pih.
Salaki : nya didieu atuh mih keur naon kudu meuli deui imah, kahambur hambur duit, mubazir atuh ieu imah ke teu kaurus.

Pamajikan : terus ke mandina dina wc nu ieu deuih pih, sarena dikamar nu ieu deui nu ayeuna ku urang di pake sare.???

Salaki : ih nya enya atuh mih maenya dititah mandi di kamar pembantu lebar atuh mubazir keh.
Pamajikan : terus terus ke baju mamih, sapatu mamih , perhiasan mamih dipake ku pamajikan papih anu anyar pih.?

Salaki : lamun perhiasanmah nya di pake we atuh mih, tapi lamun baju jeung sapatu mah moal.
Pamajikan : naha ari perhiasan dipake, ari sapatu jeung baju moal dipake.?
salaki : atuda apan mamih mah gendut da itu mah langsing ukuran sapatu na ge leutik, no 37 ge harita papih mangmeulikeun logor, apan mamih mah ukuran sapatu ge 40.@#$%^%$#@! ups kaceplosan euy.
Pamajikan : papiiiih#@$%!&**(##@@

Saturday, 21 October 2017

SUPIR TAXI JEUNG TURIS JEPANG | BANYOLAN SUNDA

Kacaritakeun jang asep teh geus lila jadi supir taxi bluebird di bandung, pas manehna keur nongkrong di alun alun bandung manehna meunang telpon ti Pool Taxi Bandung sangkan Miang Ka Hotel Savoy Homan, Kusabab aya order ti Turis jepang, harita waktu teh geus aya sekitar jam 6 sore maju ka maghrib.

Sanggeus nepi Hotel Savoy Homan eta Turis Jepang teh jug asup we kana taxi bari ngomong bahasa sunda nu rada balelol. maklum cenah geus rada lila cicing di garut keur penelitian domba garut, naha cenah domba garut bet kasohor, naha cenah di garut loba kulit, dorokdok kulit garut anu renyah, jaket kulit, naha bener eta jaket kulit teh tina kulit domba, atawa tina kulit nini nini..wkwkwkw

Sanggeus kaluar ti palataran hotel,
kang asep nanya : mau kemana ini teh mister,
Turis Jepang : saya hayang kukurilingan di bandung sok we kamana ge terserah, di carter lah.
Kang Asep : siap Mister, ayeuna urang lewat ka tegalega nya, didinya aya tugu bandung lautan api.
Turis Jepang : ok siap.

Sanggeus Nepi ka Tugu bandung Lautan Api eta Jepang tea nanya ka kang asep ...
Turis Jepang : Kira kira sabaraha lila ngabangun ieu Tugu Bandung Lautan Api.
Kang Asep ngajawab bari di reka reka : ieu teh ngabanguna 2 tahun mister...
Turis Jepang : wow naha meni lila lila teuing di jepang mah ngabangun tugu model kieu mah paling ukur satahun. (kang asep jempe dikitukeunmah) terus harita mobil maju deui nepi ka jembatan pasupati... eta turis jepang nanya deui...

Turis Jepang : mang ieu jembatan naon ngarana, meni alus..
Kang Asep : Jembatan Pasupati mister, Pasteur Surapati....
Turis Jepang : sabaraha lila nyieuna mang.??
Kang Asep : (bari mikir heula sieun kajadian model tadi)... sataun mister.
Turis Jepang : walah Naha meni lila lila teuing, lamun di jepang mah ngabangun jembatan kieu ukur 5 bulan ge beres.

Kang Asep mimiti kesel, kamana deui mister ayeuna.???, turis jepang ngajak balik ka hotel, antukan asep neangan jalan anu kira kira deukeut ka hotel, pas ngalewat gedung sate eta turis jepang teh kacida pisan heranna sabab aya bangunan anu gede mirip bangunan di paris. terus nanya ka si kang asep.

Turis Jepang : mang ieu bangunan naon ngarana.?
Kang Asep : bangunan mana mister.???
Turis Jepang : itu mang yang besar ituh....
Kang Asep Rada Action siga nu reuwas : aduhhhh bangunan naon nya eta, teu terang mister abdimah soalna da kamari sore abdi ngaliwat kadieu can aya eta bangunan mah.... nyaan hebat ayeuna mah euy bandung, ngabangun gedung gede ge teu sapoe poe acan.
Turis Jepang jiga nu lieureun : @#!@#$$%^&^%$#@

Friday, 20 October 2017

Jalma Beunghar Sok Leuwih Mentingkeun Harta Tibatan Nyawana - Banyolan Sunda

kacaritakeun aya hiji jalma anu beungharna teu katulungan, mun cek bahasa urangna mah bru dijuru bro di panto ngalayah di tengah imah. imahna ge gede, mobilna loba, pamajikanna ge loba.?? (biasana tapi teu kabeh jelema beunghar resep nyandung) anu sangsara ge sok loba nu nyandung..hahaha, nyandung atau poligami bukan diakibatkan karena ada niat dari pelakunya tapi karena ada kesempatan.  Waspadalah..!!! Waspadalah.!!! waspadalah.!!! wkwkwkwk

urang lajengkeun deui ceritana, hiji mangsa eta lalaki anu beeunghar kacida teh indit ka salah sahiji mol atawa mall di kota make mobil sport lamborghini warna beureum. teu make supir haritamah soalna manehna hayang ngasaan sorangan nyetiran mobil lamborgini, sakalian rek bari pamer mobil anyarna.

sanggeus beres balanja meni ranggeum eta leungeuna ku barang balanjaan, maklum orang kaya, tah pas manehna rek ngasupkeun barang kanu mobil, na etamah aya treuk nyerempet, atuh eta keresek nepika paburantak, panto mobil lamborgini ngacleng, atuh si bapa eta ge nepika ngagebut.teu kungsa lila eta bapa bapa teh gogorowokan bari tutunjuk kanu mobilna...

Bapa Jegud : aduh alah ieung eta siah mangkeluk tinggalikeun mobil urang ruksak, anyar meuli minggu kamari, mobil mahal eta deuleu, manehmah supir treuk moal kabedag tah ngagantian nage. kumaha atuh ieu teh nya, mobil urang kuatka penyok kitu.

keur jojorowokan bari nyarekan supir treuk aya hiji satpam nyampeurkeun, atos pak atos keunweh harta mah tiasa di pilari, eta pentingkeun mah nyawa, hayu ka rumah sakit we pk ku abdi di jajap.

bapa jegud : naon siah maneh jeung pipilueun, teu apal eta mobil mahal.??
satpam : eta pk tinggal panangan bapa nu kenca dampal panangan bapa tadi kaserempet ku treuk dugi buntung kitu,,, eta getih dugika awor aworan hayu ka rumah sakit.

Bapa jegud jug jep we jempe bari nempo leungeuna, terus ngagorowok deui : aduh alah ieuuuungggg jam tangan urang anu rolex kamana deuih ngaclengna , mang satpam cing geuwat pang neangankeun jam tangan warna silver merk rolek kamana nya, jaba jam tangan mahal eta teh.!!!!

satpam :!@#$%!^%@ Bebengok Teh...

Thursday, 19 October 2017

Dasar Bos Belegug Nu Belegug Asisten Pribadina - Ceita Lucu Pendek Terbaru

dihiji restoran terkenal di daerah lembang bandung utara, aya dua bos keur ngopi bari ngawangkong ngaler ngidul,

Si Big 1 Bos anu kahiji pok nyarita : lain kang euy urang mah sok asa lieur ku pamolah anak buah, pangpangnamah ku kalakuan asisten pribadi, belegugna teh asa kacida.

Big Bos 2 : Belegug kumaha eta teh kang.?
Big Bos 1 : Kela Gera urang calukan, ujang kadie jang,!!!
ujang : Muhun Bos aya pikeursaeun naon.??
Big Bos 1 : cing pangmeulikeun motor ninja 1 mah nu warna bodas, di dago meser na nya, ieu yeuh duitna sajuta.
Ujang : Muhun Bos Mangga. bari narima duitna terus ngaleos.

Barakatak teh big bos 1 seuri bangun ngeunah, tuh kang bener teu asisten pribadi urang mah belegug, maenya meuli motor ninja duitna sajuta ditarima. kacida pan.???

Big Bos 2 : ah leuheung kang anak buah akang mah teu belegug belegug teuing. leuwih belegug keneh anak asisten abdi. gera kela urang calukan, aseeeep kadieu sep, bapa rek nitah.!!

asep : Muhun bos aya pikeursaeun naon.?
Big Bos 2 : cing wayahna balik heula ka imah, tanyakeun ka si ibu ari bapa aya di imah teu.??
asep : muhun mangga pk, bari ngaleos.
Big bos 2 : seuri bangun nu ngeunah...tuh nya kang belegug pisan asisten abdi mah, maenya gera urang aya dua, pan sidik urang keur didieu dititah neang ka imah ge ngagugu we, dasar belegug pisan.
Big bos 1 : enya bener parah pisan asisten akang mah.

kacaritakeun di palataran parkir si asep jeung ujang paamprok terus si ujang ngomong ka asep
Ujang : lain euy urang mah boga bos teh belegug pisan.!!!
Asep : naha kumaha kitu.??
Ujang : heueuh maenya gera bieu nitah meuli motor ka urang, apan apal ayeuna teh geus jam 8 peuting, urang kudu kadago meuli motor ninja nateh. atuh moal bisa apan dealer motor mah mukanage nepi jam 5 sore. atuh pasti geus tutup nya euy.

Asep : Seuri bangun nu ngeunah, ah euy sakitu mah leuheung, bos urang gera anu belegug mah, urang titah balik heula ka imahna titah ninggali bos urang aya di imah teu cenah, na nya mun urang mah mikir, dasar bos belegug, atuh naon susahna cek urang mah telepon we atawa sms ka pamajikanna tanya, mih ari bapa aya di bumi teu.? kan gampang nya,,,,,



Friday, 22 September 2017

Salaki Embung Eleh ku Pamajikan Carpon Sunda Lucu

Salaki embung eleh ku pamajikan lamun Dina bahasa Indonesia na mah suami gak mau kalah sama istri. Tapi sok sanajan salaki mah sok embung eleh tapi angger da sok salah wae di mata pamajikan mah.
Kacaritakeun hiji poe mangsa sareupna, eta salaki pamajikan teh ngobrol paduduaan, bari ninyuh teh Sariwangi.
Pok teh pamajikanna ngomong...
Pamajikan : akang ieu mah nya punten lain rek sombong, najan ayeuna mamih beuteung rada budayut, tapi baheula samemeh kawin kawin papih loba pisan lalaki teh Nu ngajak kawin ka mamih leuwih jiganamah 30 urang. Tapi Kabeh di tolak ku mamih, iwal hiji Nu ditarima nyaeta papih.
Salaki na embung eleeh... Terus ngajawab.. ieuh mamih punten nya lain rek sombong papih ge. najan papih hideung, beungeut teu mangrupa jelema, tapi kieu kieu ge loba pisan awewe anu diajak kawin ku papih, lain ukur 30 urang ampir sakampung ieu mah Kabeh parawan diajak kawin ku papih. Tapi Kabeh ge Nolak....iwal hiji mamih nudaek narima teh.
Pamajikan : uluuuhhhh.!!!!!! Dasar....

Kumpulan Banyolan Sunda Pang Anyarna, Kumpulan cerita lucu bahasa sunda, Heureuyna Urang sunda.

Anu Bonge Teh Saha - Carpon Sunda Lucu Pisan

Ieu Carita teh Ayana di kampung pakidulan, Aya hiji lalaki datang ka dokter THT alias Dokter Spesialis Telinga Hidung dan Tenggorokan lain PHP... PHP mah atuh pemberi harapan palsu.

Sanggeus diuk pahareup hareup eta dokter nyarinya :

Dokter : kasawat naon Bp.??
Ajun : Ari abdi mah teu kunanaon dok, nyeta anu teu damang mah pun bojo... Anjeuna teh rada bonge alias Torek.

Dokter : aduh kedahnamah di candak kadieu atuh bojo na pk, supados terang sakumaha parahna. Sugan we atuh teu Acan parah.

Ajun : kinten kinten Aya metode kangge ngetes parah henteuna bonge dok.?

Dokter : ah gampil atuh ngetes na mah, kantun sauran we jarak 10 meter pami teu  ngawaler cobian sauran jarak 5 meter, pami teu kadangu keneh sauran jarak 3 meter..... Pami teu kadangu keneh cobian jarak sameter bari papayun payun.

Ajun : owh Kitu dok, berarti pami jarak 3 meter teu kadangu parah panginten.?

Dokter : muhun kaetang parah eta mah, Kedah enggal enggal dioperasi. Sok we atuh enggal cobian pk.

Ajun : muhun atuh dok,...bari geuwat ngaleos.

Sanggeus nepi ka imahna mang sajun keketrok Uluk salam : assalamualaikuuuum.... Kusabab teu Aya anu ngajawab nya mang sajun langsung asup Bae. Katinggali pamajikanna keur masak di dapur, mang sajun nanya ti deukeut Lawang panti asup..

Mang sajun : masak naon mih.? Teu ngajawab...

Mang sajun ngadeukeutan deui jarak 5 meter... Terus nanya mamih sayang nuju masak naon.????
Tetep teu ngajawab....

Mang sajun maju deui jarak 3 meter bari ngagerentes...emh Gusti geus parah yeuh pamajikan teh bongena boa boa kudu dioperasi.. terus satengah rada tarik nanya deui : mamih sayangku nuju masak naon atuh.?

Angger teu ngajawab wae, akhirna mang sajun ngadwukeutan deui Aya meureun jarak sameter mah terusnepak tonggong pamajikanna bari nanya Ari mamih nuju masak naon atuh meni serius Kitu.

Harita pamajikanna ngalieuk bari nyenyak... Masak gule Hayam papiiiiih.!!!! Meni nanya wae terus titadi geus dijawab masak gule Hayam gule Hayam teh.....Aya Kana 5 Kalina nanya...meni cape ngajawab.!!!! Cek pamajikanna bari kukulutus.

Mang sajun ngahuleng...beuh gening aing NU Torek teh. Bari tuluy pingsan da sieun dioperasi...