Saacan Sakaratul Maut Hayang Menta Hampura - Banyolan Sunda Terbaru
dihiji imah aya hiji salaki ngalempreh, nafasna renghap ranjug, pantesnamah keur sakaratul maut, bari nyepeng leungeun pamajikanna, eta lalaki ngomong lalaunan...
Salaki : Neng Jiganamah umur akang teh moal lila deui.
Pamajikan : Atos ieuh aa sok we istirahat, tong seueur teuing emutan.
Salaki : Neng aa rek menta hampura nya ka neng, soalna....
Pamajikan : atos aa teu kedah di bahas cing tenang we, sok we istirahatkeun mendingge. (pamajikanna ngomong bari nyusut cipanon)
Salaki : Neng akang moal tenang ninggalkeun alam dunya ieu saacan eneng ngahampura ka akang, akang loba dosa ka eneng....
Pamajikan : atos aa atos... (salakina geuwat nempas)
salaki : akang teh kungsi mondok moek jeung lanceuk eneng 3 poe pas eneng ka luar kota, terus basa eneng uih ka ten si ema akang teh kapoekan harita akang ngagadabah kahormatan adi eneng anu bungsu nu masih keneh sma.
Pamijkan : enya aa atos....atos terang neng ge. matak aa ku eneng di racun ge.!!!
salaki : @!#$%^$#@!!@#$