Boga Kabogoh Geulis Mah Ngabathin - Banyolan Sunda

Tuesday, 4 August 2015

Boga Kabogoh Geulis Mah Ngabathin

Rek cewek tercantik, rek perempuan tercantik, rek wanita tercantik, rek gadis tercantik, paling cantik, teu ngajamin kabagjaan hate. Nu puguhmah lamun boga kabogoh geulis th sok ngabathin, naha cenah bet ngabathin, aya sababaraha perkara kunaon mun boga kabogoh geulis sok ngabathin :

1. Loba saingan.
Sare teu tibra dahar teu mirasa sieun aya nu ngaheureuyan , sieun aya nu ngarebut sieun salingkuh kanu leuwih kasep ah loba kasieun we, geus tangtu pan da loba saingan.

2. Era mun ka ondangan.
Bangga soteh mun ka ondangan nu ngondangan babaturan kuring pasti sok pada muji, geulis pisan euy kabohoh teh, timana dudukuna maneh.? (Goreng tungtungna pan). Nu leuwih parah mun kaondangan nu hajatna dulur kabogoh, memeh asup nulis ka pager ayu nu ngajaga buku tamu sok dihalangan ku HANSIP, jang ojeg mah tungguan we didieu tong asup. Gusti nu agung, sangkilangburang make baju batik couple masih keneh disangka tukang ojeg.

3. Panas Ceuli
Mun keur kabeneran dahar bareng atawa jajan bareng padudua an , anu jarajan sok tingkecewis bari tutunjuk kalebah kuring duaan.

Da ceuk kuring mah mending boga kabogoh kanu goreng sakalian, moal sieun direbut , moal loba nu ngaheureuyan. Jrrd
Comments


EmoticonEmoticon