Banyolan Sunda Lucu - Sieun Kaburu Tiis - Banyolan Sunda

Friday, 27 October 2017

Banyolan Sunda Lucu - Sieun Kaburu Tiis

Banyolan Sunda Lucu - Sieun Kaburu Tiis

harita mang sahri indit ka kota rek nagih duit ka lanceukna, soalna geus ampir 6 bulan can mayar mayar, sanggeus nepi ka tempat anu dituju, mang sahri keketrok kanu panto imah nu jadi lanceukna. ngan hanjakal, dasar nasib keur sue imah lanceukna kosong. jaba duit kari 3000 deui, ongkos angkot keur balik 2000 nyesa ngan sarebu mahi kanu naon... ikir mang sahri, jaba beuteung geus karasa lapar.

akhirna mang sahri nyimpang ka warteg, niatnamah rek ngaleungitkeun rasa hanaang, ninggali tulisan menu ngajeblag na embok warteg KOPI SUSU 4000, KOPI HITAM 3000 TEH DINGIN 2000 Teh Panas 1000, Mang sahri nyarita kanu boga warteg..teh panas mba.. bari song ngasongkeun duit 1000.

Sanggeus Pagawe warteg ngasongkeun teh panas geuwat ku manehna diuyup, sangkilang panas keneh, beres nguyup satengah gelas letah mang sahri karasa keras kusabab cai panas. nu boga warteg ngomong....alon alon toh, je panas kuwi mas (lalaunan kang masih keneh panas) mang sahri teu ngartieun kalah terus we diuyup bari dibeakeun. aya salah sahiji pamuda gigireuna nanya : na kang meuni rurusuhan kitu rek kamana atuh, eta cai enteh sangkilang panas kuatka ledis saketap ge..

Mang sahri : nyeta jang sieun kaburu tiis ci enteh na, ke mun teh na tiis hargana jjadi 2000..cek mang sahri bari ngaleos...
Comments


EmoticonEmoticon