Paling sedil da lamun ninggali aya awewe geulis anu dibonceng ku lalaki anu wajahna goreng patut, hahahaha. Naha nya bet daek, pedah motorna ninja , FU atawa kadang make motor nu biasa ge sok daek gera tah mojang teh.
Duuuh gusti sabenerna kuring mah jalma penyabar , najan jadi jomlo geus 3 tahun ge, ngan nyeta lamun pas malem minggu sok teu puguh teh, komo lamun ninggali nu lalar liwat papasangan kanu motor sok hayang maledog ku sendal, ngan hanjakal sendal kuring ngan hiji-hijina sendal capit kameumeut cap swallow warna hejo no 10 satengah, maklum kuring mah rada jebrag gaduh sampean th.
Kungsi kuring naksir ka neng wulan rosdiani mojang geulis ti cilameta kecamatan arjasari bandung, tapi syaratna beurat , saurna : sok aa ditarima cintana asal kersa ngarit 3 ancun jeung ngala suluh unggal dinten, ah di jawab we ari neng wulan milari kabogoh atawa pembantu, sangkilang beungeut kuring mah kasep jiga pamaen sanetron GGS ngan ari na tivi mah GGS teh ganteng-ganteng srigala ari kuring mah Goreng Goreng Sareukseuk.
Tapikeun we ah can waktuna meureun boga kabogoh. Mudah-mudahan we atuh neng wulan rosdiani ke mah sadar diri yen lalaki nu pangksepna sa bandung th kuring sorangan.