Lamun aya wanita tercantik alias mojang panggeulisna anu dakeun ka kuring anu ngan saukur kuli serabutan ah jigana bagja pisan. Di wewengkon arjasari mah rarasaan geus kaubek, era ku tatangga babaturan mah geus baroga anak pamajikan ari kuring mah nyorangan bae. Jeung asa pana jejewir atuda ku si jema, unggal poe dakwah wae, iraha maneh sujang kawin kos batur da ema ge hayang we boga incu, tapi amit2 boga incu kos maneh mah geus hurik, punduk hinyay, waos koneng , ngedul ah euweuh araheunana, sugan we maneh meunangkeun awewe geulis meh memperbaiki keturunan. Tobat pan mun boga indung geus jiga kitu, indung sorangan wae ngaledek kaayaan kuring komo batur..... Naha atuh nya dosa naon kuring bet can boga kabogoh wae, hayang boga pamajikan , maenya urang eleh ku cep maman, cep maman mah geus boga pamajikan. Padahal lamun ninggali tina keureutan beungeut mah kuring di bandingkeun jeung cep maman mah asa kasep keneh cep maman.
Kungsi bobogohan jeung budak sma di arjasari pas kenalan di pasar malam , ngaran na ge alus dian liani putri sakolana di sma pbb arjasari, wah bagja pisan etamah malah langsung jadian. Tapi edas pas panggih deui isukna langsung mutuskeun, pajar th naha aa meni goreng dodonges kitu da pas kenalan pas di pasar malam mah kasep. Beu meni asa nyeri hate pisan mun inget kana ucapan neng dian liani putri.
Tapi wajar ketang, soalna pas kenalan di pasar malam th kenalanna di tempat parkiran motor anu rada poek. Tapi ari usaha mah teu weleh najan sadar diri kieu ayana, apanan meureun matak diciptakeun ka alam dunya ge pasti aya mangpaat na. Da Alloh ma teu nyiptakeun hal hal anu mubazir. Teu boga kabogoh ge atuh kuring jadi bahan ledekan batur meureun, kan jadi pahala ka kuring.
Tapi kungsi ketang menta kenang-kenangan foto bareng heula jeung dian liani putri th sok tinggali ku pemirsa apanan cocok nya jiganamah.