Sugan teh enya cinta, sugan teh enya deudeuh mikanyaah... Sing horeng cinta neng elis sulistianti orang cipeuteuy desa pinggirsari teh ngan saukur ajas mangfaat. Kuring teu sadar sabab make ajas prasuga tak bersalah.
Unggal isuk unggal beurang antar jemput ka sakola beda sakolaan ngan padeukeut, ari kuring mah sakola teh di SMK PBB Arjasari , ari neng elis sulistianti mah sakolana di SMA PBB Arjasari. Kuring kelas dua manehna kelas 3, beda sataun umur teh kolot keneh neng elis, ngan aya bedana, ari kuring mah tumbuh teh ke atas, ari neng elis mah tumbuhna kesamping..... Duka ari ayeunamah duka tos ngajangkungan dula encan. Da lamun ngarendeng paduduaan teh kaukur teu nepi taktak taktak acan. Malah mun hayang ngobrol rada romantis th kudu make jojodoh jadi neng elis nangtung na luhureun jojodog. Meh pas ngobrol teu cangkeul punduk.
Kungsi nganteurkeun manehna renang ka kolam renang hadiana di deukeut patal banjaran, naek motor kameumeut kuring, motor GL pro taun kolot, teuing bawaan motor kitu.?? Pedah motor kuring kolot jadi weh meunang kabogoh teh anu umurna leuwih kolot.
Ah tapi kumaha nya, bobogohan teh ngan saukur panggih di jalan rek ulin ka cipeuteuy ka imahna teh kapok ah, kungsi kuring apel poe saptu sore2 jam 3 ka imahna, kalah dititah ngunjalan pare ti pacet ka imahna, aya meureun tujuh iliran mah, tapi ah da iklas we demi cinta ka neng elis sulistianti mojang pang geulisna di cipeuteuy.
Ngan nyeri hate pisan pas singhoreng loba cnah mah kabogohna, lain ukur kuring wungkul, ukur bisa ngadu'a kanu maha kawasa sing aya wawalesna.
Tapi sakieu mah ka itung mujur kuring mah, teu kawas m sidiq maru kuring, kungsi ngajemput ka pabrik tempat gawena neng elis... Can nepi sapuluh meter meter acan aya lalaki anu ngeureunkeun motor jang sidiq, akhirna neng elis pindah kanu motor kabogohna nu hijina deui. Puassss ... Wekdorr.... Ternyata jang sidiq ge korban PHP na neng elis.
Ngan cek beja anu bisa dipercaya mah, cnah kungsi kajadian neng elis leumpang ti ciparay ka pinggirsari, gara2 kabogohna embung nganteurkeun kalah ka tibra sare. Padahal jauh pisan... Coba mun nga sms ka kuring : aa jemput abdi, pasti atuh kuring ge bakal ngabales sms na : wilujeng we neng, sanguaaaaaan tah... Hahahaha