Ngarana Yuli Meliawati kasohorna yuli moet, cenah mah mojang geulis ti parakan bolang desa arjasari. Dedegana mah leutik matak di landih yuli moet ge lain pedah imut tapi lemet. Haha..
Mindeng boga kabogohna teh, kaasup kuring pernah neuneun rasa katresna jeung kanyaah keur manehna , ngan hanjakal teu bisa apel, loba nu ngomong pajar cenah bapak na galak. Ah enya we meureun galak ari apel na teu barangbawa mah, ning ka kuring mah henteu angguran sakitu someahna, sabab kuring mah lamun apel sok riba ku babawaan, kadang mawa jukut sa ancun, kadang mawa suluh sa tanggungan, kadang mawa domba....laina di bikeun domba mah, tapi sakalian bari apel ngangon domba.
Kaasup romantis kuring mah teu cara lalaki anu lainna, batur mah ari ngajak ulin teh sok ka kota meh gaya, kuring mah ah cukup ka bakom we bari ngangon domba, da yuli moet mah karek ngadenge kuring nyuling ge ciga nu bungah pisan, teuing ketang na hatenamah.
Tapi hubungan teh teu lana, ngan saukur saumbut jagong manis, naha nya bet saumur jagong manis pedah desa arjasari kasohor jadi sentra agrobisnis/agribisnis jagong manis kitu. Tapi da nya kitu tea saumur jagong ge da laina tilu bulan atawa 6 bulan, da jagong manis na ge mpet na ieu mah, ukur sabulan. Putus na mah teu pira, pedah teu bisa nyumponan kahayangna. Pajar teh kuring kudu operasi plastik meh teu era teuing mun mawa ka ondangan cenah. Beu asa kacida pisan pan, ngan hiji ucapan na nu moal di popohokeun teh, harita samemeh putus neng yuli nyarios kieu : Aa Lasim wayahna jiganamah hubungan urang teh ukur bisa nepi ka dieu. Da gening mantan aa lasim neng elis sulistianti orang cipeuteuy gede keneh duriat, malah mantan aa anu di cibingbin neng windi nuraisyah nga sms wae hayang balikan wae ka aa lasim, wios yuli mah ngelehan cenah, bari reumbayvku ci soca nyariosna teh. Padahal kuring mah teu bogoh ka awewe nu duaan eta sok sanajan mantan kungsi jadian ge.