Kebul jalan ruksak liangna lumayan baradag jaba lamun pas maju kapeuting mah poek. Naha atuh nya jalan di kecamatan arjasari meni asa tereh ruksak, karek cikeneh asa na teh di aspal geu ruksak deui wae.
Cenah mah pedah kaliliwatan unggal wayah ku mobil treuk sampah anu badag, sabab TPA atawa tempat pembuangan sampah akhir ayana di kampung babakan wates antara kecamatan ciparay jeung kecamatan arjasari.
Pas kamari ninggal status Facebook na Wa Rosiman Kepala desa Arjasari ngabewarakeun ka sakum rahayatna : timimiti isukan lamun aya treuk sampah ngaliwat ka arjasari heug cegat titah balik deui sina nguriling ka jalan ciparay. Samemeh aya kategesan ti dinas PU iraha jalan arjasari di omean.
Padahal ari cek kuring anu bodo, jalan arjasari ruksak teh lain ku mobil treuk sampah anu baradag, atawa alatan treuk anu ngangkut hasil panen jagong manis dina arjasari, da nu paling ngaruksak jalan mah motor roda dua. Tong nyeungseurikeun heula da kuring ge kungsi sakola sok sanajan ukur tamatan SR , sok coba gera dipikir, sakur jalan anu kaliliwatan ku motor pasti sok tereh ruksak, buktina jalan anu tara kaliliwatan ku motor roda dua mah teu weleh alus wae.... jalan tol buktina sangkilang lalar liwat mobil nu baradag pisan teu weleh alus wae sabab motor roda dua dilarang masuk.
Keur ngajaga (eta e lamun jalan arjasari geus diomean) ngarah jalan arjasari tetep alus jeung hade, ke mah motor roda dua dilarang masuk ka wewengkon jalan arjasari. Anu rek indit-inditan wayahna naek kanu angkot koneng, nu embung barabe naek angkot arjasari wayahna sina leumpang, kumaha satuju teu.?????, pasti jawabna eh henteu da...hadeuuuh