Uyah mah moal tees ka luhur, buah ragrag moal jauh tina tangkalna, eta paribahasa teh ngandung harti yen kalakuan budak mah moal jauh ti kalakuan indung bapana, duka ketang leres henteu namah tapi memang rata'rata kitu memang.
Si ibro nu karek kelas hiji SD kabeneran cenah mah bapakna tukan judi remi 41 an, judi na th di imah bapakna si ibro, nya tangtu pabalatak kartu remi di imahna. Tapi da s ibro mah getol sakola teu jiga bapana.
Hiji mangsa pas pelajaran matematika , guru matematika sd pk tata asup ka kelas, sok barudak ayeuna urang diajar ngetang, saha anu tiasa ngetang kapayun ke nu leres dipasihan permen.....saur pk tata bari ngacungkeun permen loli.
Harita keneh si ibro langsung nangtung ka hareup, sok ibro ngetang... si ibro langsung nyelengkeung : as, hiji, dua , tilu, opat , lima , genep, tujuh, dalapan, salapan, sapuluh, jon, quen, king, jeung joker. Pk tata ukur bisa peupeureudeuyan... beu.!!!???!!!!@#%&×/+÷*(