Carita Lucu Sunda - Lebar Tukang Dagang Geulis Ngan Hanjakal Bonge - Banyolan Sunda

Wednesday, 20 September 2017

Carita Lucu Sunda - Lebar Tukang Dagang Geulis Ngan Hanjakal Bonge

Selamat Menikmati Carita Lucu Pisan Basa Sunda, Carita Lucu Mangle, Kumpulan carita lucu urang sunda, Cerita Lucu Sunda Mukidi, Cerita Lucu Manado, Cerita Lucu Dewasa, Heureuy Sunda, Heureuyna Orang Sunda, Carita Lucu Pang Anyarna, Cerita Pendek Lucu.

carita lucu sunda pedagang sayur cantik geulis


Kacaritakeun di Hiji Kampung Di Seke Hurip aya hiji euceu euceu anu geulis kacida, sebut wae ngarana artika alias ceu ikok bebende na kang rian epe, pacabakan kang rian teh nya eta jadi kapala sakola di arjasari, kusabab pamajikana mah dididik bisnis ku indung bapana, nya tetep wae sok sanajan salaki boga panghasilan nu lumayan ge ceu ikok tetep jualan sayur di gandong ti lembur pamucatan nguriling ka ciwaru tug nepi ka imahna teh sok pas geus waktu beurang pisan.

Ceu Ikok Sok Sanajan Euceu euceu tapi manehna kaasup loba penggemarna, maklum ceu ikok mah bahenol nerkom, kulit bodas, sok sanajan rada demek jeung cerewet ge, matak ngacay nu ninggali, ngan hanjakal rada torek alias bonge, jadi mun ngomong jeung ceu ikok mah kudu bari pepeta, atawa bari di sapertikeun ku conto ninggalikeun hiji barang.

Kungsi Harita  nepika pasea jeung salah sahiji duda gara gara salah faham pas balanja, awalna kieu caritana, pas poe sabtu isuk isuk ceu ikok ngaliwat ka buruan imah kang hariri duda keren urang ciwaru, ceu ikok digeroan rada tarik.....maklum da geus jadi rahasia umum ceu ikok mah rada torek.

Kang Hariri : Eceuuuuuu Meserrrrrr.!!!!
Ceu Ikok : Meser naon kang.????
Kang Hariri : aya endog.???
Ceu Ikok : Naon Kang meser naon Kang.???
Kang Hariri : Endog.!!! bari rada tarik ngomongna
Ceu Ikok : naon kang teu kadangu.....
Kang Hariri  metakeun kos binaragawan bari meureup terus nunjukeun otot leungeun pangluhurna bari ditunjuk.
Ceu Ikok : owhhhhhhh endog, mangga ieu kang endogna. sareng naon deui kang.??
Kang Hariri : Tahu sabungkusmah...
Ceu Ikok : naon deui kang.???
Kang Hariri : tahu ceu tahu.!!!! bari nyentak
Ceu Ikok : engkol kang.???
Kang Hariri muka bajuna bari nembongkeun otot beuteungna anu sispack bari nunjuk kanu otot ototna nu pasagi..
Ceu Ikok : owhhh tahu, mangga tah kang tahu na... nao deui kang.
Kang Hariri : Terong ungu ceu anu panjang tea,, ngeunah jigana mun dibalado...
Ceu Ikok : Naon kang.??? jengkol.??
Kang Hariri : Lain Ikok Terong.!!!! bari rada tarik ngomongna
Ceu Ikok : Naoooon.???
Bakating Ku kesel kang hariri teu antaparah deui morosotkeun calana terus mukakeun selempak bari nembongkeun bobogaan na, Tah Nu kieu...
Ceu Ikok : Owwhhhhh Cengek kang, bari kurah koreh neangan cengek terus di asongkeun ka kang hariri...
Kang Hariri  Bari Ambek : lain cengek ikok, terong ungu...
Ceu Ikok : etamah cengek akang ning leutik jiga cengek...
Kang Hariri : @#$!%%!!!!&*_+@##@#
Comments


EmoticonEmoticon