Aya paribasa sageulis geulisna anak Batur masih keneh geulis anak sorangan, tapi sageulis geulisna pamajikan sorangan asa geulis keneh pamajikan Batur, main cenah arti pamajikan Batur teh... Ngan nu jelas mah pamajikan Batur mah jelas jelas lain pamajikan sorangan..hehe
Kamari peuting pamajikan rada jamedud pas ninggali tatangga balik balanja ti mall, baru jubras jebris terus nanya...
Pamajikan : akang Naha tisaprak kawin asa can pernah ngajak jalan2 ka mall, ka bioskop, Atawa pelesiran ka tempat wisata, teu cara keur bobogohan.???
Kuring rada mikir dikitukeun mah : ieuh nyai Ari urang naha bet kawin.?? Alatan main urang kawin.???
Pamajikan : nya geus jodo we atuh kang.!!!
Kuring : Tah bener kan gara2 geus jodo, apan Aya paribasa lamun geus jodo mah moal kamamana.... Matak nya cicing Bae di Imah nya.!!! Hahaha
Alesan tepat pas teu boga duit...