Cerpen Lucu Bahasa Sunda Terus Terang Samemeh Kawin - Ikhlas Dicandung - Banyolan Sunda

Thursday, 21 September 2017

Cerpen Lucu Bahasa Sunda Terus Terang Samemeh Kawin - Ikhlas Dicandung

Carita lucu pisan bahasa Sunda, carpon pendek Sunda, mudah mudahan teu Aya Nu Ngalaman kejadian ieu, Aya geningnya anu daek dicandung alias dimadu, pajarkeun teh lamun Aya wanoja ikhlas dimadu jaminana surga.

Kacaritakeun Aya dua pasangan keur uplek ngobrol sanggeus nyiapkeun acara keur resepsi jatukrami alias pernikahan.

Keur diuk bari ngalepus udud anu awewe jug ngomong....akang apanan enjing teh urang bakal pengantenan, resmi jadi suami istri. Abdi mah hoyong bruk brak ntong Aya Nu dirusiahkeun, Ari ieu foto istri saha kang.

Kang Rian : duh neng sabenernamah eta teh pamajikan akang, Tah isuk pengantenan teh neng jadi pamajikan anu kadua. Kumaha Tah neng.???

Neng ikok : ah teu nanaon kang, neng mah ikhlas dicandung ge...neng Tos terlanjur cinta Jeung nyaah ka akang.

Kang Rian : Deudeuh teuing s neng kayungyun keur geulis teh, tapi akang ge rek nanya... Ari eta foto lalaki kasep anu Aya di kamar foto saha.? Foto urut salaki neng.?

Neng ikok : ih sanes atuh sayang kan neng mah nembe ayeuna nikah ge.

Kang Rian : terus saja atuh...pasti foto mantan na nyaaaaa.??? Bari Sura seuri ngoconan,

Neng ikok : ih sanes atuh sayang neng mah cinta pertama Jeung cinta terakhir ge ukur ka akang sayang.

Kang Rian : terus eta foto saha atuh.?? Sok jujur dan moal nanaon Akang ge, apanan enjing ge urang teh nikah.

Neng ikok : eta teh foto neng kang.... Waktos sateuacan operasi....(bari seuri)

Kang Rian : @#$&+@$$ pingsaaaaaaaan

Comments


EmoticonEmoticon