Heureuyna Urang Sunda Pang Anyarna - Kumpulan Carpon Banyolan Sunda - Banyolan Sunda

Wednesday, 20 September 2017

Heureuyna Urang Sunda Pang Anyarna - Kumpulan Carpon Banyolan Sunda

urang sunda cenah mah kasohor ku heureuyna nu cawokah, ampir kabeh urang sunda resep heureuy atawa banyol alias ocon. sigana teh lamun teu heureuy sapoe teh sok asa dosa. hehehe, tapi nya kumaha deui atuh cenahmah gusti nu murbeng alam teh pas nyiptakeun urang sunda teh pas Anjeuna nuju suka bungah, matak urang sunda mah murah senyum alias imutna manis jeung saromeah. tapi nya sok aya we anu pikasebeleun ge. jiga dongeng anu ieu :

dihiji imah aya keluarga anu dieusi ku 3 jalma , indung anak jeung bapa, kasohor pisan eta pamajikana teh timburuan pisan, teu kaop salakina telat langsung maseaan, salaki ngobrol jeung tatangga anu randa bengsrat langsung maseaan, ah pokonamah timburuan pisan.

hiji mangsa jejeg 10 tahun mangsa perkawinan aniversary wedding kitu bahasa kerena mah, nya harita jam 4 si eta pamajikan teh geus masak sebut wae ngarana ikok, meureun tiditunamah hayang ngabagjakeun salaki , make jeung nyieun bolu alus sagala make lilin nu make angka 10. biasana salaki na teh jam 5 pas geus balik ka imah.... 

jam 5 kurang 2 menit lilin di hurungkeun, ceu ikok gegeroh wadah urut masak, pas ngalieuk kana jam geus jam 5 leuwih 5 menit jug nyel weh ceu ikok timbul kacurigaana, bari gegeroh ceu ikok ngajorowok ka anakna : sajuuuuuuuuun pang nelponkeun si bapa.!! tanya dimana keneh.???
sajun : hapena dimana ma.??
ceu ikok : eta dinu kasur ema....
sajun : enya ma...
teu kungsi lila sajun nyampeurkeun ka indungna anu keur ngumbah wadah..
Sajun : ma naha ieu nu ngomngna lain si bapa pas ditelepon teh, kalah awewe nu ngomongna..
Ceu ikok bari ngambek : waduh paingan balikna telat gening bapa maneh teh salingkuh nya sajun.!!! keun siah urang kekesek.... keur kitu jug aya nu keketrok kanu panto asalamualaikum... sora kang rian salaki ceu ikok.

ceu ikok muka panto terus mawa bolu anu lilinna na geus pareum bakat ku lila teuing nungguan, teu antaparah deui harita ceu ikok langsung naplokeun eta bolu kanu beungeut kang rian bari ngomong : salaki baragajul , ku aing ditunggan kalah salingkuh.!!!
rian : naon ari nyaneh jol ngambek bari nuduh salingkuh, telat soteh pedah tadi angkotna ngetem mani lila di bojong pulus....
ceu ikok : Ning basa tadi si sajun nelepon nu ngangkat na awewe... nu ngomongna awewe, ari hp bp di cepeng ku saha tadi.??
rian : ah na da ti tadi ge hape mah aya teu di kasasahakeun.....bari ngadegdeg
Ceu Ikok : Sajun Kadieu jang.!!!
Sajun : enya maaaa....
Ceu Ikok : sok tah apana tanya bisi teu percayamah da tadi si sajun anu nelpon na ge.
Rian : ari tadi ujang teu salah nomer pas nelepon.??
Sajun : henteu atuh pa kan aya ngarana na hp ema ge papah rian...
Ceu Ikok : tuh nya bener...geus lah ngaku akang salingkuh mah keun bae abdi mah rek ngenta diserahkeun.
Rian : ih tong sok kitu ieuh cing nyaan da akang mah teu salingkuh...cing sajun kumaha tadi ngmongna eta awewe teh.???
sajun : kieu pa pas abdi mencet no bapa jug aya nu ngomong awewe.... kieu ngomongna teh pk....maaf pulsa anda tidak mencukupi untuk melakukan panggilan ini..
rian : sajuuuuuuunnnnnnnnnn!@#$%^^&*$@@!##$% bedul siah.!!!!!



Comments


EmoticonEmoticon