Maling di ATM Belegug Cerita Sunda Lucu Banget Bikin Ngakak - Banyolan Sunda

Wednesday, 20 September 2017

Maling di ATM Belegug Cerita Sunda Lucu Banget Bikin Ngakak

Wilujeng wengi kangge sadayana orang sunda khususna sareng sakumna penduduk indonesia, hatur punten yeuh tos lami teu nyerat dina blog ieu, maklum orang sibuk, hehe... seur pisan anu nyungkeun na email miwarang posting Cerita Lucu Banget, Cerita Lucu Dewasa, Cerita lucu banget malam pertama, Cerita lucu banget bahasa sunda, guyonan bahasa sunda, heureuy sunda. Marukana meureun abdi teh wa Kepoh atawa kang Ibing tukang ngadongeng...hahaha

Wengi Ieu sim kuring gaduh carita lucu, mudah mudahan lucu, lamun henteu wayahna kudu seuri, sing karunya meunang mikir tujuh poe tujuh peuting. hehe judulna nyaeta Maling ATM Belegug.

Kacaritakan di hiji Kota di bandung di wewengkon kiara condong aya sakumpulan begal maling jeung tukang todong, tapi dina acara kumpulan eta para tukang maling copet jeung sajenisna teh geningan keur ngayakeun Seminar Gratis Cara ngahasilkeun duit sacara gampang, jiga nu enya nya aya copet jeung maling ngayakeun seminar, Biasana Ge Seminar Internet Marketing jeung Bisnis Online Gratis di Bandung ieu make jeung aya seminar copet jeung tukang todong...hahaha, ngarana ge dongeng nya.

Gegedug preman ngabewarakeun aya metode anyar anu bisa ngala duit bari tur tereh, carana nyaeta urang kudu noong kanu keur nyokot duit di atm, sanggeus pin  atm na beunang atawa ka apalkeun alias kanyahoan kari eta loket dijambret atawa ditodong. sanggeus dompet jeung atm ka pimilik geuwat cokot duitna di atm.

aya salah sahiji copet anyar masih keneh masa training salila sabulan, di tugaskeun ku gegedug na ngintip hiji awewe anu keur nyokot duit di atm. targetna sapoe dua jelema. ngarana si ajun, sajun eta aya jalma awewe make baju beureum geulis pisan ka atm sok gera toong sabaraha pin na ke ku urang ditungguan di handapeun tangkal palm, keun we tugas ngajambret tugas urang...manehmah asal apal pin na we. siap komandan ceuk sajun penuh semangat bari leos we ngintip tinu kaca atm. teu kungsi lila manehna mere kode ka gegedugna, ok bos sukses.

teu antaparah deui eta awewe langsung dijambret ku bosna terus malipir jalan jeung si sajun neangan atm nu lain. sanggeus nepi atm eta gegedug jambret nanya ka si sajun :

Kumaha Sajun, tadi katempo teu pin na.???
Sajun : Katempo bos jelas pisan na layar meni ngajeblag.
Gegedug Bangsat : ke ke ke.... naha bet nempona na layar, apan kudu nage nempo dina angka anu sok dipencetna sajun....
Sajun : ah sami wae bos nu pentingmah apal da, jumlahna teh 6 apanan nya bos.
Gegedug Bangsat : aeh tapi heueuh ....cing sok sabaraha pin na.???
sajun : tadi pas ditempo na layar teh pin na * * * * * *...
Gegedug Bangsat : sajunnnnnnnn blegug siah. ??:"<{}&%$@#$$!#$_)(@*&

Comments


EmoticonEmoticon