3 NG Anti Jomlo - Cerita Lucu Bahasa Sunda - Banyolan Sunda

Friday, 27 October 2017

3 NG Anti Jomlo - Cerita Lucu Bahasa Sunda

3 NG Anti Jomlo - Cerita Lucu Bahasa Sunda

hiji jajaka sebut wae ngarana wawan, manehna geus 3 tahun, kusabab babaturan saumuranamah geus kawin manehna datang ka hiji kyai anu kacida sohorna di kampung eta..

Wawan : Kyai abdi teh hoyong enteng jodo kumaha carana nya.?
Kyai : hayang jodo anu kumaha atuh wan.?
Wawan : nu puguh ,ah hayang anu geulis , jangkung lenjang, bodas, bageur deuih.
Kyai : Kudu ngajalankeun 3 NG wan..
Wawan : Naon pk kyai 3 NG teh.?
Kyai : NG nu kahiji nyaeta NGadu'a, menta ka Alloh urang dipaparin jodo sesuai anu dipikahayang ku wawan.
Wawan : ampir tiap menit pak kyai, teu sirikna tiap detik ngadu'a teh...
Kyai : Berarti kudu ngajalnkeun NG nu kadua..
Wawan : Naon tah pk kyai NG nu kadua teuh.??
Kyai : NG nu kadua nyaeta NGusahakeun, kudu ikhtiar ngadeukeutan awewe.
Wawan : ah pk kyai teu sirikna sakampung ieu mah kabeh parawan, kabeh randa ge tos diajak nikah ku abdi ngan narolak wae aralimeun...(cek wawan ngomongna bari dumareuda)

Kyai : berarti kudu ngajalankeun NG nu katilu.
Wawan : Naon NG nu katilu teh pk kyai.?
Kyai : NG nu katilu nyaeta NGeunteung, .... maneh teh atuda wan beungeut pas pasan kitu ari kahayang meni luhur...(cek pk kyai bari ngaleos)
Wawan Ukur olohok bari ngagerentes na hatena ..alah boa boa heueuh urang teh goreng dodonges).
Comments


EmoticonEmoticon