Sebut wae ngarana nini uti, manehna asli urang banjaran, kusabab di banjaran mah euweuh moll nu agreng manehna hayang ngasaan ulin ka mall anu jangkuuung di jakarta. maklum ti lembur, atuh barangbawa bebekelan keur mumuluk dina beus. nini uti mekel sampeu, hui arnet jeung jagong.
Terehna Carita Nini Uti Geus nepi ka jakarta asup ka mall anu jangkungna 40 lantai, terus nanyakeun ka satpam lantai sabaraha mall anu pang ramena, nya dituduhkeun ku satpam teh, lantai 3 puluh nini. naek lifft weh. harita si nini asup ti lantai dasar jeung aya 3 lalaki anu sarua rek make lift.
Di lantai Lima panto lift muka asup hiji awewe anu geulis kacida, pas eta awewe asup teh meni ngahiliwir parfumna seungit pisan. atu lalaki anu tiluan teh langsung ngomong...aduh neng ieu parfum meni seungit kieu parfum naon ieu.??? si eneng teh seuri terus ngomong paris hilton kang, pangaosna ge awis 500 rebu sabotol asli ti paris. eta lalaki gumecrek bakat ku kagum.
Di lantai 20 asup deui hiji awewe jangkung leutik jiga maudy kusnaedi parfumna leuwih seungit tinu awewe tadi. eta lalaki nu tiluan tingkecewis terus ngomong aduh neng meni seungittttt pisaaaannnn ngangge parfum naon neng.??? si neng geulis seuri terus ngajawab parfum vecinza kang pangaosna sajuta sabotol asli ti itali. owhhhhhh kabeh carolohok. ukur si nini anu jamedud teh.
Si nini jamedud kusabab teu resepeun ku kasombongan eta awewe, nepi lantai 27 si nini ngusial beteungna mules atuh ngiiiiiik teh hitut. peledek teh bau pisan, teu kungsi lila di sada deui berewek..berewek...prot prot prot... atuh beuki we meledek pisan, katinggali kabeh anu aya na jero lift narutup irung, ngan kabeneran geus nepi lantai 30...panto lift muka si nini kaluar bari ngomong...mantap teu.??? hui cilembu 6000 sakilo. Jiahahahahahahaha!@#$%^^&^%$##@@!