Mobil Ambulan, Mobil Polisi, Warga jeung sakumna anu aya di sabudeureun jembatan Citarum dayeuhkolot kabeh ngariung terus aya mobil sirineu anu ngawal mobil bupati datang, harita keneh bupati turun terus pok nyarita make megaphone : pengumuman ka sakumna warga, kaleresan abdi gaduh musibah... nyaeta pun anak kacandak banjir bandang ti ciparay menurut tim sar eta murangkalih abdi teh bakal ngaliwat kawalungan ieu sekitar 10 menit deui, cing saha anu kersa nulungan pun anak bakal dipasihan kagegelan mangrupi artos 100 juta sareng mobil avanza hiji.
Kabeh warga ukur cinggarerendeng, euweuh nu wanieun soalna ninggali cai anu ngagulidak sakitu rongkahna asa pamohalan bisa nulunganna, asa sarua jeung mikeun nyawa.. bupati geuwat ngomong deui : cing saha anu kersa nulungan pun anak bakal dipasihan kagegelan mangrupi artos 100 juta sareng mobil avanza hiji.
keur kitu jol jorowok teh ibu ibu baru nunjuk kabelah wetan itu tinggali leungeun budak roroesan na walungan, Atuh jorowok teh bupati ngajorowok buru atuh saha we lah tulungan pun anak... keur cing jarerit kitu tiba tiba aya hiji lalaki anu ngajleng ngagujubar ka walungan terus ngagbrug ka eta budak bupati bari malibir kasisi walungan tihothat...tapi antukna bisa oge kadarat, kabeh warga keprok bangun anu suka bungah, nya kitu deui bupati katinggali carimasbas tandaning bagja reh budakna bisa katulungan.
eta budak langsung di bawa kanu ambulan, tah lalaki anu tadi ngagajleng teh di bawa ka bupati bari dirogrog kuwartawan, song duit 100 juta ti bupati bari jeung konci mobil avanza, ieu mang hatur nuhun pisan tos nyalametkeun nyawa simkuring.
lalaki eta ukur jamedud we jiga nu ambek...wartawan ngarasa heran terus nanya.?? naha mang lainna atoh kalahka jiga nu ambek.?? hadiahna kurang.??? bupati ninggali pameunteu eta lalaki jiga nu ambek terus nyarita, mang bisi kurang keneh sok nyarita ku bp ditambahan..
si emang nu nulungan karek we ngomong : sanes pk bupati sanes kirang, cekap sakieu ge, ngomongna bari ngahegak nahan piambekeun,...
Bupati : terus naha atuh jiga nu ambek.??
Si emang : hayang apal abdi mah saha jelemana..anu tadi nyuntrungkeun aing ka walungan..kumaha mun aing modar.!!!!
bupati : !@#$%^^%$#@!