Dihiji sakola SD tepatna di Kampung Pamucatan Desa Arjasari Kecamatan Arjasari Kabupaten Bandung, aya hiji murid anu ciling cingcat pisan, padahal mah eta teh poe pertama asup sakola SD. atuh Guruna rada kawalahan...terus ngomong :
Guru : Barudak sok gera caralik
MURID : Siap Pk Guru..
Guru : Eta kasep saha namina.? bari nunjuk ka budak nu teu daek cicing.
Murid : Abdi Pk.?
Guru : Enya Hidep...saha namina kasep.?
Murid : Abdi Wawan Pk.
Guru : Wawan gaduh adi atawa lanceuk.?
Murid : Gaduh adi mah pk, mun lanceuk mah teu gaduh..
Guru : Owh berarti wawan pangkolotna nya di keluarga mah...
Murid : henteu atuh pk sanes abdi nu pangkolotnamah.
Guru : apan wawan budak panggedena.
Murid : enya...tapi kan wawan mah ali keneh, anu pangkolotnamah si abah pk..
Guru : !@#$%^^&&^%$#@$$%