Do'a anak anu mustajab - carita sunda lucu cawokah - Banyolan Sunda

Thursday, 26 October 2017

Do'a anak anu mustajab - carita sunda lucu cawokah

Do'a anak anu mustajab - carita sunda lucu cawokah

Dihiji peuting salah sahiji bapa bapa sebut wae ngarana budi, manehna hudang tengah peuting kusabab hayang kacai, pas ngaliwat ka kamar anakna, anakna keur ngado'a..Ya Allah Salametkeun pun ibu, pun rama..pun nini. Wilujeng kantun aki.. (bapana teu ngarti naon maksud do'a eta budak)

pas hudang isuk2 pamajikanna ribut..ternyata bener akina maot alatan kaserang jantung. atuh gebeg teh pk budi meni reuwas kacida, ternyata do'a anak na teh mustajab.

Peuting kadua pk budi guling gasahan terus ngdengekeun deui budakna ngadoa...kieu do'a na teh, Ya Allah Salametkeun pun ibu, pun rama....wilujeng kantun nini. (pk budi masih keneh mikir..ah jiganamah kamari kabeneran we meureun).

pas hudang isuk2 pamajikanna ribut..ternyata bener ninina maot sarua keuna ku serangan jantung. atuh gebeg deui eta pk budi meni reuwas kacida, ternyata do'a anak na teh mustajab deui wae.

Poe katilu pk budi ngahaja teu sare, terus noong ka kamar anakna, ngadengekeun deui doa budakna... Ya Allah salametkeun pun ibu...wilujeng kantun bapa. (na etamah pk budi asa dibentar gelap bakat ku reuwas, terus make jeket biur indit ka rumah sakit, jam 2 subuh manehna asup ka rumah sakit menta di rawat.) suster ngomong pk bapa mah teu kunanaon, sehat wal afiat. ah wios suster sok we di infus abdi hoyong di rawat. akhirna suster masang eta infusan.

Sangges Beak salabu Kira Kira jam 11 beurang pk budi balik ka imahna, kasampang pamajikan na matana carindul bari nginghak ceurik terus nanya...

Pamajikan : Ari bapa timana.??
Pk Budi : Ti rumah sakit mah tos dipariksa.. naha aya naon (pak budi nanya bari siga nu reuwas).
Pamajikan : Mun bapa tadi aya mah bisa mantuan atuh, eta pa supir pribadi bp maot bari koceak teh ceurik deui eta pamajikana...
Pk Budi : ngahegak nahan piambekeun...@#$%^^&&^%$#@!





Comments


EmoticonEmoticon