Dihiji Lapang aya salah sahiji budak angon keur ngangon dua domba anu warna bodas jeung warna hideung, sanggesu di kencarkeun manehna akhirna cicing ngiuhan di handapeun tangkal jengkol, keur reureuh aya salah sahiji budak kuliahan ngaliwat terus nyampeurkeun bari ngajak sasalaman.
Mahasiswa : punten jang wios aa calik didieu.?
Budak Angon :mangga kang wios naha teu nanaon bilih bade ngiuhan mah.
Mahasiswa : Kieu jang akang teh keur nyieun skripsi, rek nanyakeun hal hal tentang domba.
Budak Angon :mangga kang..sok hoyong terang naona wae.?
Mahasiswa : ari eta domba lumpatna tarik teu.?
Budak Angon : Domba anu mana kang.? domba anu bodas atawa nu hideung.??
Mahasiswa : anu Bodas jang.
Budak Angon : Owh nu bodas mah lumpatna tarik pisan sekitar 20km/jam
Mahasiswa : ari nu hideung.???
Budak Angon : sami kang tariknamah sareng domba nu bodas..
Mahasiswa : Owh...ari nyatuna eta sok beak jukut sabaraha loba tah domba eta.?
Budak Angon : Domba anu mana kang.? domba anu bodas atawa nu hideung.??
Mahasiswa : Anu Bodaassss...
Budak Angon : Owh domba nu bodas mah sapoena aya kana 8 kilo jukut mah, matak lintuh ge..
Mahasiswa : Terus ari nu hideung.???
Budak Angon :Nuhideung sarua wae kang kana 8 kilo jukut sapoena..
Mahasiswa : ari taina eta domba teh sok di pake pupuk kandang tara.?
Budak Angon :Osok atuh kang lumayan, sakarung anu dua puluh lima teh payu kana 4000 an mah.
Mahasiswa : kira kira eta domba teh, dina sabulan bisa ngahasilkeun pupuk kandang sabaraha karung.??
Budak Angon : Domba anu mana kang anu Bodas atawa anu Hideung.??
Mahasiswa : Anu Bodassss....(katinggali geus rada kesel)
Budak Angon : owh anu bodas..lamun nu bodas mah sekitar 3 karung sabulan teh.
Mahasiswa : ari anu hideung.??
Budak Angon : ah nu hideung ge sarua wae kang meunang 3 karung.
Mahasiswa beuki kerung, asa di lonyeng ku budak angon.
Mahasiswa : Kela jang naha ari ujang tiap ditanya masalah domba bet nanyakeun heula, domba anu warna naon.????!!!
Budak Angon : Is enya atuh kang kudu nanya heula, soalna domba anu bodas mah anu kuring..
Mahasiswa : Owhhh Ari domba Anu hideung anu saha.?
Budak Angon : domba nu hideung ge sarua wae nu kuring kang. (ngomongna teu kireum kireum)
Mahasiswa Kekerot Nahan Kaambek.