dihiji sakola SD anu tepatna di kampung pisan, aya guru anyar asup ka kelas genep, harita mah kusabab can arapan nya bari di absen teh ditanya ngaran jeung hobina masing masing.
Bu Guru : sok Kapayun sebutkeun nami jeung hobina nya.?
Murid : siap Bu...
Bu Guru : sok ti katuhu heula maju kapayun.
Murid Kahiji : Nami abdi Iwan Hobi Ngarit sisi walungan bari ninggali pelangi...
Bu Guru : naha hobi teh meni aneh wan, sok maju deui nu sanesna...
Murid Kadua : Nami abdi agus... Hobi abdi Ngala suluh sisi walungan bari ninggali pelangi..
Bu Guru : aduuuh abong di kampung nya...
Murid Katilu : Nami abdi asep...hobi ngangon embe sisi walungan bari ninggali pelangi..
Nu Guru : aduh sadayana ieu teh tatanggaan sakampung.??
Iwan, Asep Jeung Agus : Muhun Bu...
Bu Guru : paingan atuh karesepna sami.. Sok tah neng maju kapayun
Murid kaopat : Nami abdi Pelangi, Hobina Ibak di walungan...
Bu Guru : owhhhhhh pantesan atuh !@#$%^%$##@!