Nini Nini Boson - Hitut Teh Teu Disada Teu Bau Tapi Mindeng | Banyolan Sunda Paling Lucu - Banyolan Sunda

Friday, 20 October 2017

Nini Nini Boson - Hitut Teh Teu Disada Teu Bau Tapi Mindeng | Banyolan Sunda Paling Lucu

dihiji tempat praktek dokter aya hiji nini nini anu keur ngantri, teu kungsi lila eta nini nini teh asup ka ruangan pamariksaan, sanggeus pahareup hareup solongkrong dokter ngajak sasalaman bari seuri bangun anu someah pisan.

Dokter : nini mangga calik, kunaon atuh nini teh.?
Nini : ieu dok abdi teh boson alias hitu wae, tuh ieu ge pas nembe lebet ka ruangan dokter tos aya 4 kalinamah hitut teh,

dokter teu langsung ngajawab ngan jug mawa masker terus make maskerna, karek eta dokter nyarita.

Dokter : Tos Lami nini gaduh panyawat boson.
Nini : tos aya panginten 2 tahun mah, mung anehna teh nini mah lamun hitut teh teu disada jeung teu aya bau na dok. tapi mindeng meus meus hitut deui hitu deui.
Dokter : owh muhun atuh ieu tuang obatna nya.. ke pami teu aya perobihanmah dongkap deui we kadieu.
Nini : Nuhun Pisan atuh dok, bari tuluy ngaleos.

geus aya kana samingguna eta nini nini teh datang deui ka dokter bari semu bangkenu haseum, sanggeus asup karuangan dokter eta nini nini jug pok we ngomong, dok naha obat teh teu aya pangaruh ah, ngan ayeunamah di bumi teh kuatka meletek bau...jiga aya bau bangke beurit jeung bau treuk sampah.

Dokter : tah berarti obatna tos reaksi, obat nu kamari teh kangge ngalandongan pangangseu atanapi pangampung nini, margi aya kerusakan dina indra penciuman nini. janten ayeuna kantun nuang obat ieu, obat ieu kangge ngalandongan indera pendengaran nini meh teu bonge alias kirang dangu.

Nini : maksudna Kumaha dok ieu teh kan nini mah boson, lain kurang denge.
Dokter : (ngomongna rada tarik) ieuh nini pan basa mimiti datang kadieu ge eta nini hitut teh brat bret brot , ngiiik, uk preet bari jeung meledek bau treuk sampah.@#@$%^^&&!!!!!!!! pedah we ku nini teu kaangseu jeung teu kadenge..

Nini ukur bisa olohok.....
Comments


EmoticonEmoticon