aya salah sahiji duda di daerah pangalengan geus aya kana 4 tahun ngaduda na teh, boga anak 2, kapikir kumanehna naha teu neangan deui pamajikan, meh aya nu ngurus sebut wae ngarana teh sahri, keur ngalamun kitu jol teh mang kemed.
mang kemed : keur naon maneh sahri jiga aya nu dilamunkeun kitu.??
Sahri : Nyeta mang urang teh hayang kawin deui, hirup sorangan teh teu ngeunah gening, euweuh nu ngawulaan..
Mang kemed : atuh nya heueuh jang. geus aya calon na sugan.?
Sahri : Nyeta can aya mang, cik atuh lah pangneangankeun...
Mang Kemed : aya jang randa 18 tahun urang kamasan bisi eudeuk mah, basa minggu katukang ngomong ka emang nitah mangneangankeun salaki, ari kira kirana ujang daek mah bae ku emang di pang nguruskeun, kari kadieukeun we biayana 10 juta mah, tanpa beres we, nyaho kawin.
Sahri semu teu percaya terus ngomong..
Sahri : ah nu bener mang, emangna daekeun ke eta awewena.? moal pipilih kitu sangkilang urang mah apan umur ge 35 tahun.
Mang Kemed ; Pasti daekeun da ka emang ngomongna nu kumaha we cenah asal boga salaki.
Sahri : nya ari kitu onaman teu nanaon mang, tah ieu atuh duitna 10 juta mun bisa mah tong dililakeun minggu hareup we nya mang...
Mang kemed...siap jang...
Leos atuh mang sahri teh ngaleos bari mawa duit 10 juta, katinggali pisan bangun nu bungah pisan.
Singketna Carita ninggang kana waktu anu geus ditangtukeun harita jang sahri dangdan kasep pisan, make jas hideung kameja bodas, dasina warna beureum make kopeah anyar meuli cap haji iming. parfumna ge kuatka ngahiliwir seungit pisan. pas kaburuan imah calon panganten di sambut ku pager ayu jeung pihak kulawarga ti panganten awewe, ari mang sahri mah ukur di baturan ku mang kemed anu katinggalina leuwih bungah kusabab duit pulangan 10 juta teh mundel keneh.
Hartita mang sahri di titah asup kajero imah, ari mang kemed ngobrol di pakarangan jeung lebe na, barang asup ka rohangan tengah mang sahri rurat reret nenangan calon pipamajikeuna, anu engke peuting maturan manehna, geus dibayang bayang ku jang sahri endahna malam pertama. keur ngalamun kitu aya salah sahiji aweuweu geulis pisan nungtun.. mangga kang ka lebet ka kamar panganten... Mang sahri nuturkeun bari bingung keneh ieu kitu calon pamajikanateh.? eta awewe pok nyarita, urang di alas bedak heula nya kang supados lankung ganteng. (owh ieu mah tukang rias gening..gerentes hate jang sahri).
sanggeus beres di rias mang sahri ditungtung deui ka kamar nu hijina deui, waktosna sungkeman kang nya, barang asup ka kamar aya salah sahiji nini nini di rias ibarat panganten, (ieu pasti indungna, owh berarti urang kudu sungkem), pas mang sahri ngasongkeun leungeun eta nini nini teh jug geuwat sun tangan bari nyarita,.... insyaAllah akang neng bakal tumut kanu janten kahoyong akang, mugia urang tiasa janten suami istri anu sakinah mawadah warohmah....
Gebeg teh harita jang sahri ngagebeg, naha pamajikanna jadi nini nini, ongkos randa 18 tahun, harita keneh mang sahri lumpat ka luar nyampeurkeun mang kemed.... kemeeeeeeeed nipu siah, bari nyekek beuheung mang kemed..
Mang Kemed : nanannaoooon ari ujang, nipu naon ari emang.??
Sahri : Ceuk emang randa umur 18 tahun.???
Mang Kemed : is henteu ah iraha emang ngomong randa umur 18 tahun...emang mah ngomong geus randa 18 tahun...alias rarandaan na geus 18 tahun lilana.
Sahri : Leketey teh awakna leuleus..terus ngagubrag teu eling di bumi alam.