Ripuh Ngumbara Jauh Ti Lembur - Heureuy Sunda Lucu Terbaru 2018 - Banyolan Sunda

Tuesday, 31 October 2017

Ripuh Ngumbara Jauh Ti Lembur - Heureuy Sunda Lucu Terbaru 2018


neng akang teh meni ripuh gawe di arab teh...lieur pisan ,cape pisan, biasa nyupiran dikenca ayeuna di katuhu, jaba boga dunungan pedit, dahar kurang, balik peuting wae... curucud teh cipanon neng isma nyurucud sanggeus maca sms tinu jadi salakina, terus ngetik malesan sms na bari teu weleh ngingsreuk nahan piceurikeun, kang odoy...cing sabar kang , cing kuat da gening di lembur mah hese neangan duit teh.

teu kungsi lila hapena disada bari ngageter....getaran vibratorna meni karasa kanu hate neng isma,...balesan sms ti salakina heem nyai akang ge sabar, ngan awak turun meni orot pisan, akang basa itu awak teh 65 kilo, karek 3 bulan didieu ge geus turun 10 kilo....

kacaritakeun waktu geus satahun salakina teu balik teh, haritamah make jeung tara tara nelepon, neng halo neng cageur sarehat barudak.?? sorana beda pisan.
Neng : damang aa..kumaha aa sehat
odoy : nyeta neng akang teh kurang sehat, kiloan awak beuki turun, ayeunamah ukur 45 kilo.
neng : naha aa ari didinya tara dahar sugan.??
odoy : osok neng , ngan kumaha nya beasna asa beda didieumah, paranjang garede euweuh rasaan.
neng : ih sidik neng mah panasaran hayang ngasaan kumaha beas arab teh...
odoy : nya ke neng sabulan deui akang balik, moal diperpanjang ah rek dilembur we muka warung, da duit geus ngumpul..
neng : nya atuh eta mah kumaha aa we...tapi ke omat mawa oleh oleh beas arab nya, si ema ge cenah hayang ngarasaan kumaha sangu arab teh..
odoy : nya neng siap lah... atos heula nya, aa ieu bade damel deui...
neng :: nya atuh aa sok, cing sehat nya.

terehna carita harita teh mangsa balik salakina kalembur, atuh neng isma teh dangdan sataker kebek, terus make daster anu transfaran , rek ngabageakeun nu jadi salaki. maklum geus sataun lilana teu sosonoan.

asalamualaikum...kadenge sora salakina.
wa alaikum salam cek neng isma jigrah pisan....
pas muka panto katempo salakina rubah pisan mani begang....

neng : aduh aa meni begang kitu. (bari ngagabrug di tengah imah)
odoy : enya neng bae nya...nu penting mah cinta akang teu robah...terus odoy ngaharewos kana ceuli pamajikana bari seuri,,, maklum tos sataun teu tanding...wkwkwkwk
neng : hayu atuh aa ka kamar weh.... (pas asup kakamar jepret teh listrik pareum...aliran mun cek urang sunda mah).

SENSOR.... beres we eta kang odoy teh ngajalankeun kawajiban na nyaeta masihan nafkah bathin ka istrina... bari pok ngomong.
odoy : neng deui nya..
neng : nya akang hayu... tapi kang,,,,
odoy : tapi naon neng.??
neng : akang awak turun ampir 20 kg, awak begang pisan. tapi naha rasana meni beurat awak akang teh, jiga pas pertama akang rek miang ka arab rasana teh kang.
odoy : waduh...poho neng ieu rangsel dipake keneh can dilaan, jaba eusina beas arab 20 kg pesenan eneng tea....
neng : euuuh paingan atuh asa beurat ditindihan teh...jiahahhahahahaha
Comments


EmoticonEmoticon