Teu Pernah Ngambek Deui Ka Pamajikan - Heureuy Sunda 2018 - Banyolan Sunda

Monday 27 November 2017

Teu Pernah Ngambek Deui Ka Pamajikan - Heureuy Sunda 2018


Panasaran kunaon kuring tara pernah ngambek ka pamajikan, kieu caritanamah, harita waktu ulin ka hiji tempat aya ucing kampung warna hideung, pamajikan ulin jeung eta ucing, ocon jeung ucing ngan hanjakal eta ucing ngegel ramo pamajikan, pamajikan ngomong bari seuri HIJI TAH...

isukna pamajikan beres sarapan ulin deui jeung ucing hideung eta, di ais bari diusapan, ngan pas ucing eta teterejel hayang turun, pamajikan angger nangkeup eta ucing, antukna eta ucing ngegel deui ramona bari seuri DUA TAH...

pas wanci sareupna eta ucing hideung teh ulin deui jeung pamajikan, ayeunamah ulin na teh na kasur, pas dikurubunan ku simbut eta ucing teh roroesan hayang kaluar, pas di tewak ku pamajikan ngegel deui ramo pamajikan, pamajikan seuri bari ngomong, TILU TAH... tuluy ngaluarkeun bedil : dor.!! eta ucing di tembak... kuring kaget, terus nyentak pamajikan bari ngambek : mamah.!! naha eta ucing bet di tembak sagala.!!! euweuh kakarunya pisan.!!! pamajikan ukur ngajawab bari seuri...HIJI TAH...

Tiharita kuring tara ngambek deui ka pamajikan....
Comments


EmoticonEmoticon