Obat Bonge Pang Ampuhna - Banyolan Sunda Panglucuna - Banyolan Sunda

Sunday 26 August 2018

Obat Bonge Pang Ampuhna - Banyolan Sunda Panglucuna

Wilujeng tepang deui pamiarsa anu satia, hapunten pisan saatos lami teu posting dinten ayeuna simkuring nembe bade posting deui, maklum jalmi sibuk..wkwkwkw, sanes sibuk bade jadi Caleg DPR RI 2019 atawa Caleg DPRD Kabupaten Bandung, tapi sibuk jalan jalan..wkwkwkwkwk.

Soalna Simkuring mah sok streessss ari keur loba duit teh, sok bingung gera, ari duit loba ari beulieun euweuh. kan matak bingung nya.

Dina dinten ayeuna bade nyaritakeun tentang bonge alias torek, kacaritakeun aya hiji lalaki ngarana jang rosadi (fiktif ieu mah nya lain jang rosadi budak mang mumuh orang pamucatan, omat lain da ieu mah). jang rosadi teh geus taakeun pisan kusabab mun ngomong jeung pamajikanna sok satengah ngagorowok.

terus jang rosadi teh konsultasi ka dokter, pok we nyarita rada tarik :
Jang Rosadi : Dok Ampun duh, pamajikan kuatka bonge kacida, digeroan teh kudu tarik jeung sababaraha kali wae.
Dokter : kedah di candak atuh kang pasena kadieu..
Jang Rosadi : nyeta dok sieun ngambek di candak ka dieu teh, sieun disangka ngaledek, nyungkeun obatna we dok lah, tiasa meureun.
Dokter : nya ari kudunamah di diagnosis heula, sakumaha parahna, tapi nya teu nanaon ari teu bisa hadir mah, urang siapkeun obatna.

dokter langsung nyalukan asisten na pikeun nyiapkeun obat, teu kungsi lila solongkrong eta asisten teh ngasongkeun obat sawadah palastik.

Dokter : tah ieu obatna, di inumna sapoe 3 kali, tapi kudu di tes heula, pertama cobaan calukan ti jarak 8 meter, lamun ngalieuk berarti cukup nginum sakali satablet wae. tapi lamun masih keneh teu ngalieuk cobaan maju akangna kanu jarak 5 meter terus calukan, lamun ngalieuk ieu pel teh cukup diinum 2 tablet sakali nginum, tapi mun masih keneh teu ngalieuk cobaan jarak sameter, lamun jarak sameter lamun teu ngalieuk bere 3 tablet sakali nginum. terus cobaan pahareup hareup lamun pahareup hareup ngobrol teu kadenge wae, wayahna kudu di operasi.
Jang Rosadi : owh muhun dok, hatur nuhun pisan atuh.

Kacaritakeun jang rosadi geus nepi ka imahna terus muka panto, katempo pamajikanna keur masak, atuh teu talangke deui harita langsung ngagorowok, mamah keur masak naon.? ngan ku pamajikanna teu dijawab, atuh harita keneh maju deui ngadeukeutan kurang leuwih 5 meter jarakna teh terus jang rosadi ngomong deui... mamah ari mamah nuju masak naon.?.... ngan harita pamajikana kalah angger we nonggongan bari teu aya soraan. gerenetes hate jang rosadi (duh parah pisan ieu mah pamajikan teh, boa boa kudu dioperasi. tuluy we ngadeukeutan jarak sameter bari rada ditarikan ngomongna..

jang rosadi : mamah ari mamah keur masak naon sih.?
na etamah jug jorowok teh pamajikanna ngomong bari ngalieuk, na ari bapa dijawab keur ngagoreng tempe keur ngagoreng tempe teh terus we nanya titatadi teh, yeuh geus aya 3 kalina bapa nanya eta keneh eta keneh.!!! dasar bonge.!!! cek pamajikana bari jejebris.

Jang rosadi ukur bisa olohok bari langsung ngahuapkeun pelna 3 siki bari ngagerentes...barukkkk gening aing anu bonge teh...?><!@#$%$#@@!
Comments


EmoticonEmoticon