Banyolan Sunda

Wednesday, 1 November 2017

Wasiat Bapa Samemeh Maot - Heureuy Sunda


Dihiji lembur Aya salah Saurang bapa keur sakarat, barudakna Kabeh ngarumpul, iwal hiji deui Nu can datang teh, si bungsu anu ngumbara ka Jakarta.
Manehna ngomong ka anak anaknya, anu panggeulisna di geroan teh si cikal...
Bapa : Jang kadieu bapa rek wasiat..
Ujang : muhun Pk mangga ku Ujang diregepkeun.
Bapa : Jang omat eta tangkal albasiah anu gede anu tukangeun Imah tong di jual.
Ujang : muhun Pk,
Bapa : terus tanah anu hareupeun Imah ieu anu 50 tumbak eta tong dijual Oge nya.
Ujang : muhun pk.
Bapa : terus eta tangkal jengkol gigireun Imah tong dijual nya.
Ujang : muhun bapa. Tapi naha bet tong dijual sadaya Pk.??
Bapa : soalna Kabeh ge Nu Batur. Lain mu bapa...
Ujang : @#$&@($)$-@&@@##

Tuesday, 31 October 2017

Ripuh Ngumbara Jauh Ti Lembur - Heureuy Sunda Lucu Terbaru 2018


neng akang teh meni ripuh gawe di arab teh...lieur pisan ,cape pisan, biasa nyupiran dikenca ayeuna di katuhu, jaba boga dunungan pedit, dahar kurang, balik peuting wae... curucud teh cipanon neng isma nyurucud sanggeus maca sms tinu jadi salakina, terus ngetik malesan sms na bari teu weleh ngingsreuk nahan piceurikeun, kang odoy...cing sabar kang , cing kuat da gening di lembur mah hese neangan duit teh.

teu kungsi lila hapena disada bari ngageter....getaran vibratorna meni karasa kanu hate neng isma,...balesan sms ti salakina heem nyai akang ge sabar, ngan awak turun meni orot pisan, akang basa itu awak teh 65 kilo, karek 3 bulan didieu ge geus turun 10 kilo....

kacaritakeun waktu geus satahun salakina teu balik teh, haritamah make jeung tara tara nelepon, neng halo neng cageur sarehat barudak.?? sorana beda pisan.
Neng : damang aa..kumaha aa sehat
odoy : nyeta neng akang teh kurang sehat, kiloan awak beuki turun, ayeunamah ukur 45 kilo.
neng : naha aa ari didinya tara dahar sugan.??
odoy : osok neng , ngan kumaha nya beasna asa beda didieumah, paranjang garede euweuh rasaan.
neng : ih sidik neng mah panasaran hayang ngasaan kumaha beas arab teh...
odoy : nya ke neng sabulan deui akang balik, moal diperpanjang ah rek dilembur we muka warung, da duit geus ngumpul..
neng : nya atuh eta mah kumaha aa we...tapi ke omat mawa oleh oleh beas arab nya, si ema ge cenah hayang ngarasaan kumaha sangu arab teh..
odoy : nya neng siap lah... atos heula nya, aa ieu bade damel deui...
neng :: nya atuh aa sok, cing sehat nya.

terehna carita harita teh mangsa balik salakina kalembur, atuh neng isma teh dangdan sataker kebek, terus make daster anu transfaran , rek ngabageakeun nu jadi salaki. maklum geus sataun lilana teu sosonoan.

asalamualaikum...kadenge sora salakina.
wa alaikum salam cek neng isma jigrah pisan....
pas muka panto katempo salakina rubah pisan mani begang....

neng : aduh aa meni begang kitu. (bari ngagabrug di tengah imah)
odoy : enya neng bae nya...nu penting mah cinta akang teu robah...terus odoy ngaharewos kana ceuli pamajikana bari seuri,,, maklum tos sataun teu tanding...wkwkwkwk
neng : hayu atuh aa ka kamar weh.... (pas asup kakamar jepret teh listrik pareum...aliran mun cek urang sunda mah).

SENSOR.... beres we eta kang odoy teh ngajalankeun kawajiban na nyaeta masihan nafkah bathin ka istrina... bari pok ngomong.
odoy : neng deui nya..
neng : nya akang hayu... tapi kang,,,,
odoy : tapi naon neng.??
neng : akang awak turun ampir 20 kg, awak begang pisan. tapi naha rasana meni beurat awak akang teh, jiga pas pertama akang rek miang ka arab rasana teh kang.
odoy : waduh...poho neng ieu rangsel dipake keneh can dilaan, jaba eusina beas arab 20 kg pesenan eneng tea....
neng : euuuh paingan atuh asa beurat ditindihan teh...jiahahhahahahaha

Monday, 30 October 2017

Tukang Endog Matak Gemes - Heureuy Sunda Panganyarna


aya hiji bapa - bapa harita manehna rek meuli endog sebut wae ngarana dadan, kabeneran aya salah sahiji kios endog di pasar banjaran anu rada herang, teu di engkekeun deui eta bapa bapa nyampeurkeun ka kios endog bari terus ngomong...

Dadan : Neng meser endog...
Nudagang : bade endog naon pk, endog hayam, endog meri atawa endog puyuh.?
Dadan : Endog hayam we sakilo..
Nudagang : Bade hayam kampung atanapi hayam negri pk.?
Dadan : hayam Kampung we neeeeng..
Nudagang : Kampung mana pk, garut, tasik, cirebon, kuningan, ciamis, sumedang atawa bandung.??
Dadan : bandung we bandung (katempo paromana rada kesel..)
Nu dagang : bandung na bandung barat, bandung utara, bandung selatan, atanapi bandung timur.??
Dadan geus ambekeun pisan : neng terserah lah, atawa bandung selatan weh.... (bari jamotrot)
Nu dagang : bandung selatanna bade endog anu ti dayeuh kolot, banjaran, arjasari, majalaya, soreang ciwidey atanapi....
Dadan : enggeus enggeus....ari eneng jiganu ngajak jalan jalan, ari eneng tos lami dagang endog.?? meni asa musingkeun pisan nya...
Nu Dagang : abdi mah sanes tukang endog pk, abdimah tukang baso, mung nyelang hungkul, tukang endog namah nuju sholat heula, tadi saurna pami aya nu meser endog piwarang ajak ngobrol heula sateuacan anjeuna dongkap saurna teh..

Dadan : lain ngajak ngobrol atuh bieu mah neng musingkeun.!!!!! (bari ngaleos)
Nu dagang : olohok bari neureuy endog.....!@#$%%$$#@

Sunday, 29 October 2017

Anakna Bupati Kabawa Palid Di Walungan Citarum - Heureuy Sunda Panglucuna


Mobil Ambulan, Mobil Polisi, Warga jeung sakumna anu aya di sabudeureun jembatan Citarum dayeuhkolot kabeh ngariung terus aya mobil sirineu anu ngawal mobil bupati datang, harita keneh bupati turun terus pok nyarita make megaphone : pengumuman ka sakumna warga, kaleresan abdi gaduh musibah... nyaeta pun anak kacandak banjir bandang ti ciparay menurut tim sar eta murangkalih abdi teh bakal ngaliwat kawalungan ieu sekitar 10 menit deui, cing saha anu kersa nulungan pun anak bakal dipasihan kagegelan mangrupi artos 100 juta sareng mobil avanza hiji.

Kabeh warga ukur cinggarerendeng, euweuh nu wanieun soalna ninggali cai anu ngagulidak sakitu rongkahna asa pamohalan bisa nulunganna, asa sarua jeung mikeun nyawa.. bupati geuwat ngomong deui : cing saha anu kersa nulungan pun anak bakal dipasihan kagegelan mangrupi artos 100 juta sareng mobil avanza hiji.

keur kitu jol jorowok teh ibu ibu baru nunjuk kabelah wetan itu tinggali leungeun budak roroesan na walungan, Atuh jorowok teh bupati ngajorowok buru atuh saha we lah tulungan pun anak... keur cing jarerit  kitu tiba tiba aya hiji lalaki anu ngajleng ngagujubar ka walungan terus ngagbrug ka eta budak bupati bari malibir kasisi walungan tihothat...tapi antukna bisa oge kadarat, kabeh warga keprok bangun anu suka bungah, nya kitu deui bupati katinggali carimasbas tandaning bagja reh budakna bisa katulungan.

eta budak langsung di bawa kanu ambulan, tah lalaki anu tadi ngagajleng teh di bawa ka bupati bari dirogrog kuwartawan, song duit 100 juta ti bupati bari jeung konci mobil avanza, ieu mang hatur nuhun pisan tos nyalametkeun nyawa simkuring.

lalaki eta ukur jamedud we jiga nu ambek...wartawan ngarasa heran terus nanya.?? naha mang lainna atoh kalahka jiga nu ambek.?? hadiahna kurang.??? bupati ninggali pameunteu eta lalaki jiga nu ambek terus nyarita, mang bisi kurang keneh sok nyarita ku bp ditambahan..

si emang nu nulungan karek we ngomong : sanes pk bupati sanes kirang, cekap sakieu ge, ngomongna bari ngahegak nahan piambekeun,...

Bupati : terus naha atuh jiga nu ambek.??

Si emang : hayang apal abdi mah saha jelemana..anu tadi nyuntrungkeun aing ka walungan..kumaha mun aing modar.!!!!

bupati : !@#$%^^%$#@!

Saturday, 28 October 2017

Jalma Anyar Beunghar - Heureuy Sunda Panglucuna



aya hiji mojang orang kampung anu sukses, sanggeus manehna lulus sakola sma teh, teu dituluykeun kuliahna, tapi manehna nyobaan bisnis online. usahana maju pisan karek sataun untungna lumayan, ladang tina kauntungan bisnis online teh kumanehna dibeulikeun motor yamaha vega anu anyar. maklum urang kampung... isuk keneh geus kaluar ti imah rek pamer motor anyar, ngan hanjakal manehna numpak motor teh teu di oper oper...terus we na gigi hiji. na tanjakan gigi hiji, na pudunan gigi hiji dinu datar gigi hiji keneh wae....ditanya ku tatanggana....

tatangga : rek kamana neng.??
neng : rek ka kota mang nyobaan motor anyar...
Tatangga : naha atuh teu dioper oper, kadon na gigi hiji wae.., heug oper keun ka gigi 2 atawa 3 terus gigi opat.
Neng : ah lebar mang, beakeun hiji2 we, ku mun gigi hiji geus beak karek kanu gigi dua...
Tatangga : !@#$%%
si eneng terus we ngaleos, sanggeus nepi ka kamasan banjaran di lampu merah motor mobil areureun, atuh si neng ge ngilu eureun. lampu hejo hurung kabeh motor jeung mobil maraju, tapi si eneng angger teu maju nepika maju hurung deui kanu koneng kanu beureum deui koneng deui hejo deui. pulisi ninggali pamolah si eneng geuwat nyampeurkeun,

Pulisi : eta geus dua kali lampu hejo naha teu maju maju.?
Neng : atuda teu acan aya warna nu dipikaresep ku neng, ke mun aya nuhurungna nu warna pink nembe maju.
Pulisi : !@@#$ euh dasar orang kampung..(bari gegetret). maju kainyah..

singketna Carita usaha si neng teh tambah maju...nepika jarak dua taun kabeuli mobil, meuli mobil honda jazz, biasa orang kaya baru..hayang pamer deui....manehna numpak mobil indit deui ka kota, maksudna rek ka soreang.... sanggeus nepi ka stopan kamasan banjaran, kabeneran lampu beureum atuh si neng teh eureun , terus muka panto mobilna bari nurunkeun sukuna hiji. pulisi anu basa itu tea nyampeurkeun deui ka si neng terus nanya :

Pulisi : Naha eta Panto Mobil dibuka, suku dikahandapkeun...picilakaeun yeuh..
Neng : aduh punten pak, raraosan teh numpak motor....
Pulisi : Hadeuuuuh (bari nepak tarang).

Jago Keneh Bapa Urang Atuh - Heureuy Sunda Panglucuna


Dihiji kampung di papua nyaeta suku bantata aya tilu budak anu keur ngobrol. kapercayaan diditumah cenah anu panghideungnateh anu pang kuatana. eta budak keur ngobrol ngaler ngidul ngagulkeun bapana sewang sewangan.

Budak Kahiji : bapa urang mah jagoan euy....kamari kapancong ku arit getihan, pas ku urang ditinggali teh getihna kuatka hideuuuuuung teh euy.

Budak Kadua : ah leuwih jago keneh bapa urang, kamari pas ulin ka kota jayapura katabrak treuk, sukuna potong pas ditinggali teh getihna hideung...eh tulangna ge nolol meni hideung oge. cingcirining bapa urang leuwih jagoan.

Budak katilu : ah can sabaraha atuh etamah, kamari urang keur lalajo tipi bapa urang hitut gera, duuuuut cenah, na eta mah jug poekkkkkk ruangan teh, sugan urang aliran. ari taeun teh hitut bapa urang mah kuatka jiga haseup knalpot mobil treuk. poeeeek meredong aya meureun sajam mah.

Budak kahiji jeung kadua : wadul ah siamah..!!! @#!@%^

Friday, 27 October 2017

Tentara Jeung Onta - Bodor Sunda Cawokah

Tentara Jeung Onta - Bodor Sunda Cawokah

Kacaritakeun pas keur perang teluk, bangsa indonesia kapilih andil jadi pasukan pengamanan PBB, sebut wae ngarana wawan, manehna salah sahiji prajurit anu kapilih ngilu ka arab pikeun ngamankeun. padahalmah manehnateh panganten anyar kawin, karek sabulan kawin na teh, dalah dikumaha deui atuh da ngarana ge tugas daek teu daek wawan ninggalkeun pamajikanna anu karek dikawin tea.

Singketna Carita wawan geus bergerilya di padang pasir jeung pasukan sejena, aya 20 urang anu bareng jeung wawan teh, ngan dasar nasib keur apes, pas wawan ayang kahampangan katinggalkeun ku babaturana. antukna manehna kalangsu sosoranganan. aya meureun kana sabulan mah... duka pangaruh dehidrasi duka pangaruh  panganten anyar, harita wawan "hayang pisan" teu kudu dijelaskeun nya, da apal meureun..heheheh

keur cicing bari ngalamun ngabayangkeun malam pertama aya onta ngaliwat...ahaa cek gerentes hate wawan tidak ada rotan akar pun jadi, eta onta ku wawan di sampeurkeun, terus wawan morosotkeun calanana rangsel kumanehna diturunkeun kana taneuh dipake tetecean, wawan sumanget pisan nincak kanu rangsel ngan pas rek kitu pisan eta onta teh maju salengkah..., wawan teu patah semangat manehna maju deui nece deui kanu rangsel kan orokaya eta onta teh maju wae. geus aya opat kalina meureun maju wae eta onta teh , gagal wawan ngagadabah kahormatan eta onta.

Keur ngalamun rentang rentang aya hiji awewe di cadar mawa bedil, wawan geuwat ngadapang nyumput gigireun onta, pas eta awewe geus deukeut ku wawan ditodong , angkat tangan jangan bergerak...lempar senjata kamu.!!! cek wawan sumanget pisan. eta awewe teh ngagugu... terus muka cadarna bari ngomong...jangan bunuh saya, kalau kamu membiarkan saya hidup saya rela melakukan apapun untuk kamu.

beuh geulis pisan eta awewe teh, bodina ge bohay...moal aya jigana di indonesia mah, wawan kacida atohna..terus ngomong : bener kamu mau melakukan apapun yang saya mau.??? | bener bang cek eta awewe arab saya pasrah saja..

Wawan asa nugar cadas manggih emas, soalna manehna keur hayang pisan apan. terus pok teh wawan ngomong : ok kalau begitu, sekarang kamu maju kesini.!!! cepat !!! Sekarang kamu pegangin eta onta ti hareup, kesel atuda titadi urang hayang maju wae...sugan we ari aya nu nyepengan mah cicing tah ontana..

Eta awewe arab olohok ninggali pamolah wawan..!@#$%%^%$#@